Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84

 Sanggeus sĕngke indit deui, malah geus djaoeh, Oesman balik ka imahna, ngadagoan bapana datang ti sawah, hajangeun geura njarita, jen di dajeuh rek aja balon, sakoemaha bedja ti sngke noe tadi.

 Pasosore bapana datang ti sawah, tatjan dioek-dioek atjan, gantjang bae Oesman ngomong, njaritakeun noe diadjam koe manehna ti tadi tea. Ari din a hatena mah Oesman teh rek menta idin ka bapana, soepaja manehna meunang ka dajeuh, hajangeun njaho di balon. Tapi hĕnteu wanieun pok, sieuneun disĕntak koe bapana, wantoening tjapeeun keneh.

 Kabĕnĕran bapana ge tatjan njorang nendjo balon; kieu omongna ka Oesman: ,,Hajoe isoek oerang ka dajeuh djeung bapa, da hapa ge oekoer kakara bedjana, tatjan njaho boektina balon."

 Sabot Oesman tjatjarita djeung hapana, indoengna aja di djĕro imah. Barang ngadenge, jen Oesman arek dibawa ka dajeuh koe bapana, indoengna teh ingteun ka si Mirah, adi Oesman, toeloej manehna ka loear bari nanja: ,,Ari si Mirah moal dibawa?"

 Diwalon koe Bapa Oesman: ,,Leutik keneh si Mirah mah, moal koeateun leumpang ka dajeuh."

 Indoengna nanja ka Oesman: ,,Ari oedjang, koemaha kirakirana, moal mopo?

 Walon Oesman: ,,Wah ĕma mah, pirakoe npi ka mopo ka dajeuh-dajeuh hae."

 Indoengna : ,,Nja soekoer ari koeat mah."

 Teu katjatoer ti peutingna, katjatoer isoekna bae. Rĕboenrĕboen Oesman djeung bapana geus arindit ka dajeuh. Laleumpangna meudjeuhna bae gantjangna, soepaja oelah mopo.

 Bareto keur leutik keneh, ĕnggeus Oesman teh ka dajeuh; harita mah di djalanna sababaraha kali Oesman digandong koe bapana. Djeung harita mah di dajeuh teh tatjan rame tjara ajeuna.