Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
85

 Oesman leumpangna teu djaoeh ti bapana, sieuneun kadoepak mobil, sabab harita mobil teh moenggah pating soeliwĕr, nja kitoe deui motor, komo kareta mĕsin mah. Oesman teh teu kaoer nĕngah, ka sisi deui-ka sisi deui. Radjeun oge manehna ngadoepak batoer, nĕpi ka dipolototan. Anoe toempak trem listrik ge nĕpi ka pasĕdĕk-sĕdĕk, tapi Oesman teu sieureun kadoepak trem, da tangtoe moal njimpang tina ĕrelna.

 Sapandjang djalan Oesman teu wĕleh loeak-lieuk, ngalieukan gĕdong-gĕdong noe araloes di kentja-katoehoe djalan, da di lmboerna mah euweuh gĕdong noe sakitoe araloesna. Ari ngaliwat ka Iĕbah toko gĕde, manehna sok ngadjak eureun ka bapana, hajangeun nendjoan heula roepa-roepa barang dagangan noe katjida araloesna. Handjakal teu bis lila nendjoan barang-barang teh, lantaran maksoedna oge ka dajeuh teh kapan rek laladjo balon, djadi sieun kaporotan. Nadjan taja noe noedoehkeun ge kana tĕmpat pasar malĕm tea, Oesman djeung bapana teu njasab, sabab noetoerkeun