Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
86

djělěma loba, noe ngaleut sapandjang djalan, toer meh kabeh ngadjoegdjoeg ka pasar malěm.

 Sakoeriling těmpat ngapoengkeun balon teh djělěma geus ngagimboeng. Bapa Oesman neangan těmpat noe rada lowong, toeloej njělěnděp něpi ka aja di panghareupna, nja eta soepaja Oesman awas pisan kana balon, noe rek diapoengkeun tea.

 Oesman nendjo di těngah-těngah lapang aja anoe saroepa bal kompaeun, tapi katjida gědena, diloemboekkeun. Di antara djelěma-djělěma noe deukeut ka Oesman, aja saoerang noe ngomong ka batoerna, bari noendjoek kana barang noe koe Oesman keur dipikiran, nja eta balon arek dikompa, dieusian gas. Ari deukeut eta balon aja noe saroepa pěti galěde, nja eta wadah gasna.

 Teu koengsi lila broel sawatara djělěma ngabroel, rek ngeusian eta balon. Pipah karet tina pěti wadah gas teh disamboengkeun kana balon, kakara kranna diboeka, soepaja gasna kaloear, toeloej asoep kana balon. Eta balon beuki lila beuki kemboeng beuki gěde.

 Anoe nongton beuki loba, něpi ka pasěděk-sěděk sarta ngagoeroeh ngaromong. Tjek noe saoerang: „Sakeudeung deui oge balon teh pinoeh.”

 Tjek anoe saoerang deui: „Moal koengsi satěngah djam deui oge, ngapoeng balon teh.”

 Aja saoerang noe nanja: „Aja noe noempakan balon teh kitoe?”

 Oesman djongdjon ngawaskeun balon, teu ngomong naon-naon, da euweuh omongkeuneun. Barang geus pinoeh dieusi gas, djoeng balon teh ngadjoengdjoeng, beuki loehoer-beuki loehoer. Ti handapna rantěng tali, noe toengtoengna ditjangreud-tjangreudkeun kana karandjang gěde. Ari balonna ka loehoer, karandjang teh lalaoenan kabawa ngapoeng.

 „Tingali, bapa!” tjek Oesman, „aja noe asoep kana karandjang, doeaan. Rek mariloe ngapoeng, meureun.”