Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7


 Ti tadi Soekra teu miloe ngomong. Barang pok ngomong, pek beuteungna ditindjěl koe si Ibrahim bari seuri; toeloej si Ibrahim loentjat, běrěngběng loempat, ditoetoerkeun koe batoer-batoerna kabeh. Harita ge geus araja di těgal, maraen bal, lat bae parohoeun kana kapal oedara mah.

2.Sardjan asoep ka sakola sahakěl.


 Geus liwat poekoel hidji Sardjan balik ti sakola, babarěngan djeung Djajoes. Laleumpangna gagantjangan, sabab hajangeun geura něpi ka imahna, rek njarita ka bapana, njaritakeun kasaoeran goeroena. Isoek-isoek barang baroedak arasoep ka sakola, gantjang bae goeroena sasaoeran, jen poě Kěmis hareup aja oedjian pikeun asoep ka sakola sahakěl atawa sakola sedjen.

 Sardjan djeung Djajoes těroes bae ngingět-ngingět poě Kěmis, harajangeun miloe oedjian tea.

 Sadjěroning leumpang di djalan, pok Djajoes ngomong ka