Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88

Sanggeus kitoe, aja deui doeaan noe miloe asoep kana karandjang, djadi djoemlahna opatan. Opatanana narangtoeng, njarĕkĕl kana biwir karandjang. Tali-tali eta karandjang pada njarĕkĕlan keneh koe sawatara djĕlĕma noe narangtoeng deukeut kadinja. Ari geus ngadjoengdjoeng karandjangna, di antara noe taroempak teh aja noe ngagĕro, pokna: „Lalesotkeun!”

Sanggeus pada ngalesotkeun, poeng balon teh ka loehoer, beuki loehoer-beuki loehoer.

Gĕr noe laladjo soerak, bari aja noe tinggaroepaj koe sapoetangan atawa koe topi. Noe taroempak balon oge nja kitoe, pating garoepaj.

Teu koengsi lila balon teh geus ngoengkoelan tatangkalan, sarta tĕroes ngapoeng bae. Di loehoer katĕbak angin, toeloej ngapoeng ka tĕbeh wetan, beuki djaoeh beuki leutik katingalna.

Noe nongton noengtoet baralik, tapi loba noe tĕroes ngawaskeun balon, nĕpi ka lĕs teu katembong, bawaning djaoeh. Geus kitoe mah kakara baralik kabeh.

Oesman djeung bapana ngarasa kĕsĕleun pisan, mĕntas narangtoeng sakitoe lilana, toeroeg-toeroeg ti imahna ka dajeuh teh laleumpang bae. Maranehna areureun heula di waroeng, ngadon barangdahar. Sanggeus rengse, djoeng arindit.

Daratangna ka lĕmboerna kira-kira bada asar, teu woedoe tjarapeeun, malah Oesman mah datang-datang doeg bae ngĕdĕng, ngaloengsar. Omongna djĕroning hate: „Ajeuna mah moal waka ka mana-mana. Isoek bae rek njaritakeun balon ka babatoeran.”