Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92

teu pati pageuh, atoeh ngan bolonjon bae djangkar teh ngabolonjon, toeloej ngangsar kababawa koe balon.

Noe laladjo paboeria, sarieuneun kasorang djangkar. Harita teh aja hidji boedak lalaki, laladjona panghareupna, pangdeukeutna kana balon. Rek njingkir teu kaboeroe, sabab djangkar něpi manten ka manehna, malah ngait kana saboekna, poeng bae boedak teh ngapoeng kabawa balon. Roroësan goegoerindjalan, hajangeun lesot, wěleh teu bisaeun lesot, ngan sakeudeung geus aja di awang-awang.

Waktoe rada handap keneh, loba anoe njalampeurkeun, rek ngarawel soekoe boedak, noe teu wěleh gěgěroan, toeloeng-toeloengan, tapi teu koengsi karawel, kaboeroe loehoer manten.

Eta boedak noe kabawa koe balon teh ngaranna Roesdi. Sanggeus manehna aja di loehoer, katjida lewangeunana, sieuneun ragrag. Pohara pageuhna njěkělna tali, sabab pikirna geus tangtoe rěmoek, lamoen ragrag teh. Ngapoengnal teu eureun-eureun, geus ngoengkoelan tangkal kalapa, malah leuwih loehoer deui.

Di antara djělěma-djělěma noe měntas laladjo tea, bari laleumpang rek balik, loba anoe teu wěleh soemoreang, teu wěleh tatanggahan, salempang koe si Roesdi, sabab tjěnah, oepama saboekna pěgat, geus tangtoe si Roesdi ragrag, da moal koeat lila njěkělan tali.

Sanggeus katjida loehoerna, balon teh katěbak angin ti beula hwetan, toeloej atoeh ngapoengna noedjoe ka koelon, těroes ngoelon ngaliwat loehoereun dajeuh djeung loehoereun. waloengan gěde. Di sisi eta waloengan kaběněran loba djělěma, gantjang maranel:na tanggah, narendjo boedak kabawa balon. Katjida maranehna teh risieunana, bisi eta boedak ragrag ka waloengan. Barang balonna geus něpi ka loehoereun peuntas ti ditoe, gěr maranehna soerak, sabab aja pangharěpan, eta boedak katoeloengan. Koeloneun eta waloengan aja pasawahan lega, djeung harita keur oesoem