Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91

Goeroe: „Aloes, euj. Ngan handjakal, noe toempakna teu. digambar!”

Baroedak noe sedjen seuri, ngadengekeun saoer goeroena kitoe teh, bari harajangeun nendjo, koemaha hodjahna Oesman.

Oesman: „Teu tiasa, ngagambar noe toempakna mah.”

Goeroe: „Enja hese, ngagambar djělěmana mah. Sabaraha kabehna noe toempakna teh?”

Oesman: „Opatan.”

Goeroe teh angkat kana bor, miwarang dioek ka Oesman, pek gambar beunang Oesman teh koe andjeunna diteundeunan djělěmana opatan. Pok andjeunna sasaoeran: „Kitoe bae djělěmana mah, tong aloes-aloes teuing.... Ajeuna bapa arek ngadongeng, ngadongengkeun noe miloe ngapoeng djeung balon, tapi lain dina karandjang. Aneh geura, darengekeun.

Di hidji těgalan lěga, loeareun dajeuh, aja noe ngapoengkeun balon. Balonna gěde katjida, leuwih gěde batan balon anoe geus dilaladjoan koe Oesman kamari tea. Harita oge tjěnah, pirang-pirang anoe laladjo balon teh, leuwih loba batan noe laladjo balon djeung Oesman tea. Ti soeklakna ti sikloekna daratang ka eta těgal.

Balonna geus pinoeh koe gas, geus mělěndoeng, malah geus rada ka loehoer, tali-tali tjangtjanganana ngan kari doea noe pageuh keneh njalangreud kana patok, kitoe deuil tali djangkarna tatjan ditarik, djangkarna ge, nja eta djangkar beusi, nantjěb keneh kana taneuh. Karandjangna geus. měrěnah tjitjingna, malah noe toempakna oge, doeaan, geust rek arasoep kana karandjang, djadi geus dareukeut pisan ka dinja.

Sabot kitoe, boetbět tali anoe ditalikeun kana patok tea, parěgat doeanana, djadi ngan kari tali djangkar bae noe nahan kana balon teh. Bědas pisan tanagana eta balon narik djangkar, toeroeg-toeroeg nantjěbna eta djangkar teh