Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
90

Goeroe: „Tjoba atoeh maneh kana bor. Gambarkeun eta balon teh.”

Oesman kana bor, njokot kapoer, ngagambar balon. Ari geus anggeus, kakara manehna malik, njanghareup ka goeroena bari ngomong: „Teu tiasa ngagambarna abdi mah.”

Saoer goeroena: „Ah aloes sakitoe ge. Pek ajeuna tjaritakeun.”

Oesman: „Balon teh bangoenna boendĕr sapĕrtos bal, nanging ageung. Ti loearna nganggo rambang sakoerilingna. Eta rambang ti handapna rambaj talina sababaraha lambar, sarĕng tĕras ditali-talikeun deui kana karandjang tĕmpat noe toempak. Djadi eta karandjang teh ngagantoeng kana balon.”

Ngomongna kitoe, manehna teh bari noedoehkeun babagian gambarna tea, soepaja leuwih tetela. Sanggeus kitoe pek manehna njanghareup deui ka goeroe, bari rada imoet.