Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94

ngarora, noe barědas soet-sot naroenda hantjana, sarta toeloej laloempatan ngaroedag balon, djeung teu wěleh njoba-njoba ngahontal soekoe boedak. Sanggeus djaoeh laloempatna djeung balonna geus handap pisan, noe pangdjangkoengna geus bisaeun ngahontal soekoe boedak, toeloej ditarik. Noe saoerang newak djangkarna, ari noe saoerang deui ngalesotkeun saboek si Roesdi tina djangkar, toeloej bae djangkarna dilalesotkeun, poeng balonna ngapoeng deui, da geus teu dibeungbeuratan. Ngapoengna ngaloehoeran bari těroes madjoe ngoelon, beuki lila beuki djaoeh, beuki leutik katingalna něpi ka lěs teu katembong.

Noe keur digawe di sawah, kabeh areureun sarta toeloej njalampeurkeun ka noe měntas ngawang-ngawang, harajangeun njaho, koemaha lantaranana, noe matak si Roesdi něpi ka kitoe. Tapi si Roesdi baloeas keneh, teu bisaeun njarita naon-naon, toeloej manehna digandong, dibawa ka saoeng bari pada ngabring-ngabring.

Sigěg si Roesdi noe geus salamět, noe keur diroeboeng-roeboeng di saoeng, dirioeng koe bangsa sorangan noe pada trěsna, noe pada wělas asih. Kotjapkeun indoeng-bapana noe keur prihatin toer ngarasa taja tangan pangawasa, geusan noeloengan anakna, gawena ngan tingharoelěng, djeung teu wěleh něněda ka Noe Kawasa, sangkan anakna salamět. Sabot kitoe, djol aja tatanggana mawa bedja, jen si Roesdi geus katoeloengan. Geus kitoe mah indoeng-bapa si Roesdi teh rada hegar pikiran ana, komo deui barang djol si Roesdi datang, dianteurkeun koe sababaraha djělěma noe hade hate toer teu pamrih diboeroehan, geus teu aja wiwilanganana bae soeka-boengahna, doeanana něpi ka ngoetjoer tjipanon. Pohara soeka-soekoerna ka noe noeloengan, djeung teu kendat toemarima ka Goesti Maha Kawasa.

Heuleut sawatara poë, waktoe oelin djeung babatoeranana, si Roesdi njarita kieu: „Basa mimiti kabawa ngapoeng koe balon, dewek gantjang moeka saboek, sangkan lesot tina