Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
95

djangkar, tapi katjida pageuhna djeung balon kaboeroe loehoer, kk bae atoeh dewek teh njěkěl kana tali djangkar, něpi ka tipaparkět. Ti loehoer nendjo ka handap, katendjona taneuh teh beuki handap, padahal saěnjana mah balon anoe beuki loehoer. Naon-naon beuki leutik katendjona. Barang balon katěbak angin ti wetan, ngapoengna djadi ka koelon, tapi aneh, sakoer noe aja di boemi, tatangkalan, imah-imah djeung djlěma-djělma djiga laleumpang ka wetan. Dewek katjida lěwangna, geus asa gěboet bae ragrag ka taneuh. Komo barang aja di loehoereun waloengan, hate mani sěsěblakan, sieun ragrag ka waloengan, mangkaning dewek teu bisa ngodjaj. Sanggeus aja loehoereun sawah, karasa balon mimiti toeroen, djeung kadenge djělěma noe tinggorowok, nitah njkělan sing pageuh. Sawareh aja noe loempat ngaroedag balon, geus kitoe karasa aja noe njěkěl kana soekoe sarta ditarik ka handap, toeloej dewek pada noeloengan.

 Saoer goeroe: ,,Tah sakitoe dongengna, anoe kabawa ngapoeng teh. Ajeuna waktoe ngitoeng, pek sabakna kalaIoearkeun. Bapa rek noelis soealanana dina bor."


2 3. Ngala maoeng.


 Isoek-isoek indoeng si Itjih geus hoedang. Biasana wajal kitoe salakina sok geus datang ti pagawean. Ari harita, malah geus beurang diarěp-arěp teu datang bae, geus něpi ka poekoel doea teu ěmbol-ěmbol. Atoeh indoeng si Itjih teh beuki salěmpang hatena, bisi salakina tjilaka. Ari salakina tea pagaweanana sok ngadjaga pabrik goela oenggal peuting, ti poekoel gěněp sore něpi ka poekoel gěněp isoek, datangna ka imahna kira-kira satěngah toedjoeh.