Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
96

Ari si Itjih, anakna, harita aja di sisi djalan deukeut imahna, němpo bapana maksoedna mah, tapi manehna ngan nendjo hidji lalaki manggoel patjoel djeung awewe saoerang tas ti pasar.

Teu koengsi lila bapa si Itjih geus katembong rěntang-rěntang ti kadjaoehan. Leumpangna teu pati gantjang, sabab bari ngomong djeung batoerna, doeaan. Gantjang bae. si Itjih teh gegěroan ka indoengna, njaritakeun bapana geus katembong.

Ari geus deukeut, geus rek asoep ka pakaranganana, bapa si Itjih kadenge ngomong ka batoer-batoerna tea, pokna: „Katjida pisan gědena maoeng teh, bedjana mah, pikasieuneun awewe. Lalaki ge anoe koerang wawanen mah, moal wani ngadeukeutan.”

Ngadenge salakina ngomong kitoe, indoeng si Itjih norodjol ti imahna, toeloej nanja ka salakina: „Pangdenge teh aja maoeng gěde. Di mana? Saha anoe sarieuneun teh?”

Walonna: „Awewe di kampoeng-kampoeng noe deukeut pabrik njararita, jen sieun maoeng noe geus ngarontok moending, nja eta meureun maoeng anoe minggoe toekang njered ěmbe goeroe sakola rajat tina kandangna.”

Indoeng si Itjih: „Paeh moendingna teh?”

Walonna: „Henteu paeh mah, da moending gěde djeung bědas, ngan poendoekna bae děwol djeung raget oeroet dikaoet.”

Si Itjih ngabirigidig bari pokna: „Ih sieun dikaoet maoeng.”

Tjek indoengna: „Poegoeh bae ěma ge sieun. Ajeuna mah ari ti peuting, oelah kaloear ti imah.”

„Enja,” tjek bapana, „oelah kaloear ti peuting. Lamoen geus beunang onaman maoengna, kaloear ti peuting oge teu naon-naon, teu aja pikasieuneun.”

Indoeng si Itjih: „Koemaha meunangkeunana ?”

Walonna: „Rek pada ngakalan bae. Akang oge isoekan teh moal balik isoek-isoek, rek ngiring djoeragan Adminis-