Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

1. KAWINAN

Kira wanci asar ahir, meneran hade sorena, nu kuli ngabrul barudal, marulang ti pagawean. Di jalan eak-eakan suka seuri jeung baturna; aya age nu leumpang bari tungkul teu lemek, teu nyarek, ulat mesum semu ngungun, bangun aya kajadian nu matak susah ka manehna.

Beuki burit, beuki rame, kaganti ku nu pelesir, dokar lurlar, mobil balawiri. Nu laleumpang ngaleut sisi jalan, tingkalosrak sora selop jeung sapatu. Sawareh aya nu gugundukan tinglalimbung, salengkah kadua randeg, bangun bingung pangjugjugan, sisip ku geusanna ngancik, bangun semah ti jauhna.

Reup peuting, bray caang cahya listrik, ngebrak lir ti beurang, lalinduk kalangkang kai lir ti beurang ningal iuh. Hiliwir seungitna kembang, gandeuang angkatna istri nu beunang midang, tandang dangah taya kahariwang, bangun tabah leuleumpangan unggal peuting.

Hareupeun gedong bioskop ngagimbung anurek arasup, aya deui anu ngan ngadon ulin bae bari tingarilik kana gambar-gambar anu ngabaris di luar. Sawareh aya nu ngadon jajan bae, ngaronyok di tukang soto, ngabaris dina cikopi bari sempalguyon jeung baturna.

Beuki peuting, tambah jempling, tongtonan kabeh jarempe, jalma-jalma nungtut marulang, ngan kantun anu tingsalindung di nu singkur, nu tuman nyaring ti peuting, les! mengkol ka jalan leutik.

Tapi di imah Mas Arga, jagal di kampung Pangampaan (Garut), anu kaitung cukup, harita masih keneh nyararing, tinggerendeng semu-semu eukeur badami.

”Asa kacida akang nya bungah,” cek Mas Arga, ”si Nyai, Nyi Iting rek aya nu mileuleuheungkeun, turug-turug pangkat deuih; leutik-leutik oge boga bisluit, jurutulis pakgade nu anyar tea.”

Cek M. Ardi adina M. Arga, ”Muga-muga bae sing ngarepok kalawan kasalametanana.”

”Puguh,” cek Mas Arga.

”Ari kawitna ti mana, kang, sareng saha kakasihna?” cek bojo Mas Ardi. ”Da kuring mah sayaktosna tacan terang. Jeung putra saha eta teh?”

”Ti Sumedang” cek Mas Arga, ”ngan pohon deui kampungna, ti mana geuning, ema si Nyai?” bari ngareret ka pamajinanana.

”Duka, kuring age hilap deui, ngan emut tungtungna bae, make tri-tri kitu, duka Ciputri kitu. Sareng jenenganana, Aden naon teh,

5