Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Nyai, asana Sumarja, nya ?" cek bojona bari ngareret ka anakna.
 "Euleuh! ema mah Ciputri," cek hiji sora anu datangna tina kalangkang lampu.
 "Tah enya, Iting mah meureun inget," cek Mas Arga.
 "Sukamantri," cek Nyi Iting, nembalna bari tungkul sarta lalaunan.
 "Ari ramana, haji," cek Mas Arga nuluykeun deui caritana, "di lembur eta mah beunang disebutkeun pangcukupna, bejana."
 "Ah, keun bae najan teu beunghar oge upamana, ku ...... pangkatna oge geus untung," cek pamajikanana.
 Cek Mas Ardi, "Kuring mah sanes ngarah pangkatna atanapi kabeungharanana, mung butuh ku bageurna."
 Cek Mas Arga, "Hade laku-lampahna age, cek Nyi Imang mah nya eta nu dicalikanana, piraku ngabobodo onaman."
 "Nuhun ari kitu mah, atuh ayeuna mah kantun urus-urus bae sakur nu perlu, iraha tea nu dimaksad ku akang teh?" cek M. Ardi.
 "Kahayang mah engke bae pananggalan, keur naon make dilila-lila papacangan, sok tara jadi," cek M. Arga.
 "Iting!" cek bibina, "ngendong bae atuh di embi, meungpeung tacan ridu, geura engke mah geus hamo bisa ngendong. Ayeuna bibi rek balik geus peuting teuing."
 Nyi Iting teu nembal, ngan habek bae neunggeul kana pingping bibina.
 Jut M. Ardi jeung bojona tarurun.
 Nyi Iting, najan harita geus ngedeng di kamarna, henteu buru-buru sare, gedebag-gedebug bae, semu wegah nunggu kana cundukna waktu, datangna mangsa, laksana ka nu dicileuk dipiangen-angen.
 Lami dianti-anti, kesel ngarep-ngarep, teu burung tepi kana jangji, cunduk kana dawuh anu alus, Nyi Iting geus ditikahkeun.
 Hajatna teh teu wudu rongkah, kawantu jalma cukup, ngan teu make raramean (tatanggapan), kawantu Mas Arga teu resepeun kana ria-ria.
 Memeh brak hajat, ngong Ujang Pakih, adi beuteung Mas Ardi nembangkeun biantara.


Sinom.

Hatur nuhun ka sadaya,
anu sami kersa sumping,
nya puji Alhamdulillah,
mugi ka Gusti Yang Widi,

6