Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kairut ku hade semu,
kacangcang kabelaan,
sakitu bapa pepeling,
poma-poma sing inget salalawasna.



Dangdanggula.


Aden bapa nyelapkeun pepeling,
tatapina moal panjang-panjang,
nambah piwulang panyawer,
bapa ayeuna estu,
teu miboga ka awak Nyai,
Aden anu kagungan,
ku tikah kakurung,
tatapi paneda bapa,
mugi Aden dipasihan sabar galih,
nimbang nya kabodoan.

Ulah weleh mitutur mepeling,
kana jalan keur kasalametan,
ku pangucap anu sareh,
malar gancang katimu,
sumerepna gancang kaharti,
sakitu wiat bapa,
mugi ka Yang Agung,
bapa ngadu'akeun pisan,
Aden masing lulus-banglus laki-rabi,
awet paduriatan.

Kitu deui ka sakur nu sumping,
disuhunkeun hibar pangdu'ana,
ka nu sepuh ka-nu anom,
pon kitu ka karuhun,
dijauhkeun tina balai,
lulus laki-rabina,
paneda sakitu,
taya sanes ayeuna mah,
gaduh maksad hajat walimah satakir,
tuang saaya-aya.

8