Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

2. PAGUNEMAN URANG SUKAMANTRI.

Asmarandana.

Dina waktu musim ngijih,
dina mangsa rea hujan,
dangdaunan hejo ngemploh,
walungan mudal caraah,
rea balong baredah,
malah rajeun aya lembur,
sisi cai kacaahan.

Juru tani suka seuri,
teu susah nyiram kebonna,
marontok pelakna engkol,
roay raweuy, jaat rambay,
kacang ayang-ayangan,
minatu ngahurun balung,
teu tuhur seuseuhanana.

Katiga mah beda deui,
ti beurang panas bayeungyang,
cai susukan ngerelek,
sawah ngahgar kasaatan,
tangkal kai muguran,
rea lembur nu kahuru,
cilaka beak bandana.

Tukang tani ngerik sedih,
palawija teu kaala,
rea kebon anu bongkor,
minatu mangsana bungah,
bisa digawe gancang,
isuk nyeuseuh, sore tuhur,
ngan kantun bae nganjian.

10