Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Pasir-pasir geus balulistir, suku gunung baluleneng dibabad dilenang-lenang,nu rek ngahuma kantun ngaseuk, ngadago curna hujan.
 Urang Sukamantri kacida garetolna, jaba ti nyawah jeung malawija teh sok dibarung jeung ngahuma. Tina kituna rea jalma cukup teu kakurangan dahareun, pakeeun.
 Tapi Bapa Sukri mah anu imahna di tungtung lembur deukeut kebon kawung, kaitung jalma walurat, imahna leutik hateup eurih, ka hareupna make sosompang sarohang, minangka tepasna.
 Pipir imahna aya tanggungan eurih weliteun, taksiran keur ngayuman.
 Kira-kira wanci lohor, jol Pa Sukri datang ti leuweung, nanggungeurih, bangun beurateun pisan, wantu geus kolot kurang tanaga, mani ngarigah, igana naek-turun, ambekanana hahehoh, awak lokot pinuh ku kesang.
 Gubrag tanggunganana diecagkeun di pipir imahna, gek diuk di tepas ngabaheuhay bari nyusutan kesang ku bajuna anu disampaykeun dina taktak.
 "Ambu Sukri!" omongna, "cik aya cai asak! lah, ku hayang nginum, mani tuhureun tikora bawaning ku panas.
 "Aya cai mah ti tadi oge geus asak, ngan euweuh deungeunna, aya oge bubuy sampeu teu hipu da cangor," tembalna ti jero imah.
 "Cik, bawa bae ka dieu!" omong Pa Sukri.
 "Mending oge di imah, loba hayam!" cek pamajikanana. "Geuning ari neuleu nu barang dahar teh mani pabuis, sirikna teu kahakanan anu geus dina sungut dipacok."
 Pa Sukri tayoh rada keuheuleun, bawaning ku hayang geura rot nginum, rek indit teu kaduga ku cape, omongna bari nyentak, "Bawa bae ka dieu, hareudang! Keun hayam-hayam bae mah urang babukan; modar mah ngeunah laukna ieuh, malaur nyatu tara aya deungeunna.
 "Enya, mending-mending mun hayam urang nu kababuk teh, kumaha lamun hayam batur, pilakadar urang mah boga hayam tilu siki." cek Ambu Sukri bari rada nyereng deuih.
 Torojol Ambu Sukri ka tepas mawa poci geus suwing jeung cacangkir gede hiji, geus euweuh cangklekan, bubuy sampeu cangkangan kadua sapotong dina rigen jeung gula sabeulah ditilaman daun waru garing.
 Cur, caina dicicikeun kana cangkir, mani ngebul bawaning panas, rupana semu hideung bawaning lekoh, da karesep Bapa Sukri ana nginum cai enteh kajeun pait asal lekoh.
 "Hanjakal," cek Pa Sukri, "beuleum sampeuna geus tiis, gaaleun."

11