Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Celetrok ngegel gula, suruput nginum saeutik, da panas keneh, tuluy ditiupan, rot deui diinum.
 Teu lila jol Bapa Sa'ad, anu benghar di kampung Ciranjang, sasama manehna keur budak.
 "Tas ti mana Pa Sukri teh bangun anu cape-cape teuing," cek Pa Sa'ad.
 "Wangsul ti leuweung ngabantun eurih keur ngayuman ieu saung, hateupna geus nyaraknyak pisan," tembalna bari nunjuk kana hateup imahna.
 "Ambu Sukri! mawa deui cacangkir, ieu ata mama A'ad deuleu!" cek Pa Sukri ka pamajikanana.
 Jol Ambu Sukri mawa deui cacangkir bari mawa peuyeum sampeu gelempengan, beunang ngadadak harita meuli ti warung 2 seneun, da manehna oge nyahuun aya semah, kadeuleu basa balik ti cai, tas ngisikan.
 "Mangga ngaleueut mana A'ad ka dinya, teu aya pisan rencangna," cek Ambu Sukri.
 Geus ngomong kitu, leos manehna ka dapur, da keur nyangu, ngepoh niupan seuneu, tayoh teu daekeun hurung, guprak! meubeutkeun songsong bari ngutruk.
 "Mulih ti mana mama A'ad teh, jeung naon pikersaeun?" cek Pa Sukri.
 "Tas ti dinya ngalongok balong, jeung aya perlu saeutik; puguh hayang dipangnyieunkeun deui bilik, awina mah ngala bae ti Pasirhuni," cek Pa Sa'ad.
 Angguun naon, geus nyieun deui bilik?" cek pa Sukri.
 "Eta, si Enot hayang misah imah, cenah. Geus kalumaneun meureun saimah bae jeung kolot teh," ceuk Pa Sa'ad.
 "Mangga," ceuk Pa Sukri, "ngan nyuhunkeun sarantos bae 6 dinten deui mah, moal tiasa ayuena-ayeuna, bade nyaba heula; malah piongkoseunana mah teu acan aya, bade nambut bae heula."
 "Naha rek nyaba, ka mana Pa Sukri teh?" ceuk Pa Sa'ad.
 "Bade ka Garut, ngalongok pun anak," jawabna.
 "Anak saha? Naha boga anak di Garut?" cek Pa Sa'ad bari semu kaget.
 "Kantenan, kapan si Sukri teh aya milikna, geus boga pagawean, ngumbara ka Garut," ceuk Pa Sukri.
 "Aeh-aeh," ceuk Pa Sa'ad, "kula mah kakara nyaho ayeuna, kana naon pagaweanana di Garut teh?"
 "Aya berekah," ceuk Pa Sukri, "eta budak ter, bet aya kadarna jeneng."

12