Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 "Jeneng naon?" cek Pa Sa'ad bangun beuki tambah kaget, tina teu dinyanaan Pa Sukri boga anak jeneng.
 Bener, Pa Sa'ad loma tea mah jeung Pa Sukri, tapi ari ka anakna mah (ka si Sukri) teu pati nyahoeun da ti leuleutik budakna aya di Madnaseh, urang lembur Cigentur buburuh ngangon munding; ari buruhanana ku pare 2 pikul dina sausum nyambut.
 Jawab Pa Sukri, "Jadi jurutulis pakgade, cek dina suratna mah."
 "Jadi jurutulis pakgade? Asa kabeneran teuing boga anak gede darajatna. Na kumaha asalna pang bisa kitu, panyana kula mah di Madnaseh keneh, da bareto aya bejana cicing di manehna," cek Pa Sa'ad bangun nu teu sabar hayang geura nyaho raratanana.
 "Kieu kawitna mah,' cek Pa Sukri. "Saparantosna eta budak wangsul ti Madnaseh, ku juragan guru desa dipaksa kudu diasupkeun ka sakola.
 Mimitina mah ku kuring teu dibikeun, da euweuh nu ngangon embe jeung ripuh euweuh nu mangalakeun suluh, tapi ku lantaran anjeunna keukeuh sarta bari miwulang anu kacida matak kahartina, sabab-sababna pang budak kudu disakolakeun, estu dibejer-beaskeun pisan gunana pangarti teh.
 Ari dipikir-pikir bet bener pisan, buktina anu bodo teh karasa ku kuring pribadi.
 Tidinya sup bae budak teh diasupkeun ka sakola desa. Kabeneran saur juragan guruna mah calakan, saban samen naek kelas.
 Geus bijil ti sakola desa, aya deui parentah kudu diteruskeun ka sakola distrik. 1)
 Kuring kacida bingungna, da puguh lieuk euweuh, ragap taya, ku naon ngongkosanana, da meureun ongkosna (bayaranana) di dinya mah leuwih mahal batan sakolah desa. Tapi si Sukri keukeuh hayang disakolakeun deui, harita mah geus hayang sorangan.
 Tidinya tuluy kuring kadua si Sukri indit, ngadeuheus kajuragan Mantri guru sarta wakca balaka bari song nyanggakeun surat katerangan paparin juragan Lurah, anu nerangkeun yen kuring jalma walurat. Margi memeh mios diwurukan heula ku juragan Guru desa kudu ngabantun katerangan ti desa.
 Juragan Mantri guru ngadangu piunjuk kuring kitu, bangun kacida hawatoseunana."
 Saurna, "Heug mang, ieu budak ku kuring ditampa, jeung lamun emang rujuk, hade sina cicing di kuring, karunya didugdag mah capeeun teuing, da jauh. Perkara kitu-kieuna, emang mah entong nyaho

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

1) Maksudna sakola kelas II.

13