Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

naon-naon, keun kuring anu ngurus.
 "Sajongjongan, kuring teu bisa unjukan naon-naon, bingung pipokeun; ari disanggakeun melang da tacan ngarasa pajauh jeung anak, ari henteu da puguh teu gaduh pikeun ngarasananana, jeung jiga anu teu narimakeun kana kawelas anjeunna."
 "Puguh," ceuk Pa Sa'ad, "kumaha ari geus kitu? Cik gancangkeun bae caritana, kula mah hayang geura nyaho tungtungna.
 "Enggalna, saparantos eta budak kaluar ti sakola distrik, ceuk Pa Sukri, "tuluy tetep betaheun cicing di juragan Mantri guru lantaran kacida dipikanyaahna, sina sagawe-gawe bae bari ngasuh putrana.
 Kira-kira 3 taun ti harita, juragan Mantri guru dialih keun ka Bandung, malah si Sukri oge diamitkeun ka kuring rek dicandak, disina nyiar pagawean di Bandung.
 Meunang 6 bulan, kuring teu meunang beja naon-naon, atuh kacida melangna, dugi ka teu ngeunah dahar teu ngeunah sare, malah indungna mah sering ceurik.
 Barang ka 7 bulanna, kuring disaur ku juragan Lurah, dipiwarang ngomean istal.
 Memeh digawe, anjeunna maparinkeun 1 surat ka kuring.
 Ku lantaran kuring teu nyaho naon-naon, teu barang taros surat ti saha-sahana, ngan nyuhunkeun dipangmaoskeun ka anjeunna."
 Saur juragan Lurah, "Untung Bapa Sukri, ayeuna Ki Sukri teh geus aya di Garut, kalawan pangjeujeuhkeunana juragan Mantri guru, nepi ka meunang pagawean, jadi jurutulis pakgade, gajihna f 25,-."
 "Kaatohan hate kuring"- Bapa Sukri nuluykeun deui caritana, "ku sadaya oge tangtos kama'lum, nepi ka tina bawaning ku atoh teh tungtungna mah ragragan cipanon."
 Ceuk Pa Saad, "Puguh lebah dinyana mah, kula oge ngamalum; ngan eta bae kula mah teu weleh-weleh muji kana kasaeanana juragan Mantri guru."
 "Mugi-mugi bae kasaean anjeunna teh dibales ku Nu Kawasa," ceuk Pa Sukri.
 "Nuhun Pa Sukri, kula oge milu bungah sarta muga-muga eta budak sing salamet lakon gawena. Ayeuna kula amit rek mulang, geus burit teuing. Tah, ieu duit keur pibekeleun nyaba tea, tapi sabisa-bisa ulah elat teuing digawena," ceuk Pa Saad bari tuluy balik.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

14