Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

3. TEU NYANA MANGGIH KATUGENAHAN

Mijil

Musna beurang diganti ku peuting,
srangenge teu tembong,
jalma-jalma anu digarawe,
kabeh riab geus pada balik,
ganti bulan bijil,
cahayana ngempur.

Beuki peuting, beuki tambah jempling,
jalma pada mondok,
sato-hewan oge sami bae,
mung jangkrik nu pating karerit,
lalay masih bijil,
gapruk! maling jambu.

Isuk-isuk panonpoe bijil,
ti wetan moncorong.
jalma riab lalaki-awewe.
sumawonna nu rek karuli,
geus pada saringkil,
riab manggul pacul.

Manuk-manuk disarada ricit,
hiber ngetan-ngulon,
pada bungah maranggih beurang teh,
sato ingu pon kitu deui,
ti kandang barijil,
muru tegal jukut.

 Di sampalan rantong sora kolotok munding jeung sapi patembelan, barudak angonna keur tingcaleuhak dalahar, murak bebekelanana dina luhur batu demprak.
 Aya deui nu keur eundeuk-eundeukan dina dahan huni sisi jalan bari kakawihan "Leumeung teundeut cocongoan jalanna ka Rajagaluh. Meungpeung deukeut sosonoan, isukan urang pajauh."
 "Deudeueueuh !" cek baturna, "rek ka mama Ujang teh?"
 Handapeun eta tangkal huni aya hiji jalma nanggung tingkem leutik, dilayanan ku buntelan, jimpona geus lodro, duka naon eusina,

15