Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

keur ngajanteng bae nangtung bari mencrong ka budak nu keur kakawihan tea, semu aya nu dipikainget, kagagas dipikawaas, sumeblak rusras ka jaman ka tukang, keur waktu anakna buburuh ngangon.
 "Pa Sukri! rek ka mama, siga-siga rek nyaba jauh?" cek tatanggana anu rek ka kebon.
 Gebeg! Pa Sukri ngarenjag, da puguh keur malaweung, reuwas asa digebah, jawabna, "Kapan rek ka Garut tea," bari tuluy manehna maju deui.
 Kira-kira pukul satengah 9 isuk-isuk, manehna geus nepi ka Pasarbaru Sumedang, tuluy eureun di garduh, dadaharan heula murak timbel, deungeunna ngadadak meulu ti pasar, ti tukang sangu.
 Sanggeus dahar sarta geus aso, tuluy manehna indit deui, leumpang bae nepi ka setatsion Tanjungsari.
 Kabeneran loket panjualan karcis geus muka, gancang manehna meuli karcis, reuwas sieun teu kaburu (katinggaleun ku kareta).
 Clak, tumpak kareta, diukna deukeut panto, malar gampang turun.
 Pukul 5 sore, manehna geus aya di setatsion Garut, ribut jalma tarurun tina kareta api, katambah ku supir balawiri anu nyiar muatan; kek nyekel koper, jung kenekna mangku tingkem bari nyang-nyeng-nyong ngomong, "Ka Cikajang, juragan? Bade ka Simpang, ceuk? Saha anu bade ka Tarogong? Mangga kana mobil abdi, bade mios ayeuna!"
 Pa Sukri oge teu kaliwat, aya nu nyekel tanggunganana sarta ditanya, "Emang teh rek ka Pamegatan?"
 Jawabna, "Sanes Jang, ari pagadean caket ti dieu kitu?"
 "Puguh deukeut mah, jalan anu ka wetan ngan geus nutup ayeuna mah," jawab supir bari tuluy deui nyiar muatan.
 Pa Sukri di setatsion tayohna ngarasa sangli, kulon jadi wetan, kidul jadi kaler jeung sabalikna. Da buktina ti setatsion teh manehna maju ngulon nepi ka hotel Villa Dolce, ti dinya mengkol deui ngidul nepi ka alun-alun, geus kitu mengkol deui ngulon bras ka jalan anu terus ka Cikajang, tuluy maju ngidul nepi ka sisimpangan anu ka rumah sakit; di dinya manehna ngarasa bingung, dumeh geus lila tacan kapanggih imahna anu rek dianjangan, tuluy eureun heula meuli cendol sasen.
 Sanggeus reureuh capena meueusan, pok manehna nanyakeun ka tukang cendol, "Di mana ari bumina jurutulis pakgade anu ti Sumedang?"
 Jawab tukang cendol, "Duka, seuer ari jurutulis pakgade mah, di Regol oge aya, malah eta mah pangkatna oge geus luhur, disebutna sahater, tapi duka teuing ari ti mana-manana mah. Tuh geuning ka-

16