Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

beneran itu awewe nu keur kawetankeun teh rencangna, buru-buru bae ayeuna mah susul."
 Pa Sukri kawas kacida geus capeeunana urut udar-ider teh, katara leumpangna geus rarampulan, mani seuseut bisa nyusul awewe teh.
 Pukul 6 kurang saparapat, geus nepi ka bumina juragan sahater sarta gancang diunjukken ku awewe nu bareng jeung manehna tea.
 Tapi barang ret manehna. ningal juragan Sahater, kageteun pisan reh eta mah lain ........ anakna.
 Tuluy manehna cacarita yen tas aprak-aprakan bae, neangan bumina jurutulis pakgade nu ti Sumedang, nu jenengan Sumarja.
 Saur juragan sahater, "Atuh ayi Sumarja mah di ditu di Pangampaan. Baraya emang teh ka dinya?"
 Jawab Pa Sukri, "Upami gamparan percanten mah, eta teh pun ........ anak."
 "Inoh! jajapkeun ieu ka juragan Sumarja, karunya bisi sasab deui," saur juragan sahater ka rencangna.
 Nyi Mas Iting istrina jurutulis pakgade, harita nuju aya di bumi keur calik dina dipan. Barang ngadangu anu pupuntenan tuluy ka payun.
 Anjeunna kagete un, reh ningali hiji lalaki geus kolot nanggung tingkem, bajuna bedahan gidril teu aya kancingan, rangkepna, ti jero kampret salur geus lodro, surup semah ti jauhna, padahal anjeunna teu ngaraos kagungan warga tebih.
 "Nu ti mana bapa teh?" saur Nyi Mas Iting.
 "Ti Sumedang. Nyai, bapa teh, nu matak datang ka dieu hayang papanggih jeung anak," jawabna.
 Nyi Mas Iting dina manahna rada heran, dumeh jalma sakitu rudinna wani nyebut Nyai sarta basana cohag.
 Tapi bubuhan istri berbudi gede timbanganana, teu dianggo nyeri manah, tuluy anjeunna mariksa deui, "Na, saha putra teh, bapa?"
 "Ki Sumarja, ari ngaran keur budakna Sukri; upami dipercanten mah, bapa teh, bapana," jawabna.
 "Euh! atuh bapa teh ramana engkang, mangga calik ka jero, kapan abdi teh bojona," saur Nyi Mas Iting.
 Tapi ari manahna mah Nyi Mas Iting teu weleh heran, dumeh saur carogena teh haji. "Ari ningal pamuluna asa pantes lamun rama engkang teh, sakurang-kurangna uana atawa pamanna," cek manahna Nyi Mas Iting.
 Gancang ku Nyi Mas Iting disuguhan ngaleueut di tengah bumi, dihormat saaya-aya wantu-wantu ka mertua. Ka rencangna miwarang gancang nyadiakeun tuangeun.

17