Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 ”Ka mana Nyai ayeuna Ki Sumarja?” cek Bapa Sukri.
 ”Ka Talun, ningal maen bal, moal lami oge dongkap,” cek Nyi Mas Iting.
 Bari ngopi, Bapa Sukri ngabuih bae cacarita, nyaritakeun sasab aprak-aprakan tea. Ka minantu ujug-ujug conggah najan kakara papanggih, da puguh ngakuna sakitu hadena semu teu asa-asa nya mibapa.
 Tuluy Nyi Mas Iting ngaguar cacandakan mertua, jimpo dieusi timbel, bakakak hayam hiji jeung opak aya 20 mah; tingkem eusina: pisitan beunang ngala tina tangkalan anu ditukangeun imahna paranti Ki Sukri tataekan keur leutik.
 ”Naha bapa! make kudu barang candak, komo ieu mah make nyandak sangu sagala rupa, ku disumpingan oge abdi mah teu kinten bingahna,” cek Mas Iting rada ngalimba tina bawaning watir ka mertua.
 ”Ah lumayan bae Nyai wantu kolot ka anak, emana teh saaya-aya,” ceuk Bapa Sukri.
 ”Aeh! sumuhun, tina bawaning ku sono dugi ka hilap naroskeun ema. Naha teu dicandak, bapa?” cek Nyi Mas Iting.
 ”Ih, atuh Nyai, kumaha ari ditinggalkeun ku sarerea mah melang di ditu, batok kohok, piring sasemplek age lebar ari aya nu nyokot mah,” cek Pa Sukri.
 ”Abdi oge parantos ngalamun ti kapungkur hoyong nepangan bapa jeung ema ka Sumedang, ka engkang sok ngajujurung permios,” cek Nyi Mas Iting.
 ”Nuhun bae Nyai, aya manah hoyong ka Sumedang, ngan ulah kaget bae ari datang ka ditu, kawantu bapa mah jalma taya kaboga, imah oge sirikna teu sagede gondak,” cek Pa Sukri.
 ”Her ari bapa, abdi oge daek ka engkang teh sanes ngarah kakayaanana,” cek Nyi Mas Iting.
 ”Nuhun bae atuh Nyai, kagungan manah kitu mah,” cek Pa Sukri.
 Keur kitu torojol carogena Nyi Mas Iting sumping, barang lebet ka bumi ningali ....... ramana, teu kira-kira kageteunana.
 ”Engkang! geura ieu pisitan candang bapa aya amis,” cek Nyi Mas Iting.
 Tapi ari M. Sumarja mah ngabetem bae, teu lemek teu nyarek, jawabna ngan ukur, ”Heeh.”
 ”Ti mana Ki Sumarja teh? cek Pa Sukri.
 ”Ti Talun,” jawabna pondok pisan bari leos deui ka payun.
 Tina heranna tuluy Nyi Mas Iting oge ka payun nepungan carogena, saurna, "Naha ari engkang ka rama teh bet kitu, jauh-jauh

18