Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Ari ti peuting Marjani sanggeusna balik ti pagaweanana, tara buru-buru sare, sok leukeun diajar nulis jeung ngitung saeutik-eutikeun, ka jurutulis pabrik anu majik di manehna; tina ngarasa perlu pikeun nyatetkeun anu baroga hutang ka warung manehna.
 Kana ngurusna rejeki kacida gemina, datang ka dina sajero 5 taun teh geus bisa meulian sawah jeung kebon di lemburna (di Cipicung).
 Sanggeus tuan dununganana angkat ka nagri, manehna eureun tina jongos, ngabantu-bantu pagawean pamajikanana, babakuna ngaladangan nu barang beuli, tina pamajikana kacida ripuheunana.
 Heuleut sataun ti harita, Marjani kapilih jadi lurah di Cipicung.
 Dina jadina lurah teu kacarita kitu-kieu, ngan kakayaanana beuki tambah-tambah bae.
 Ngan meunang 5 taun jadina lurah, eureun kalawan hormat; geus kitu tuluy jarah ka Mekah jeung pamajikanana.
 Balikna ti Mekah leungit ngaran Marjani, nya nelah "Haji Karim."
 Manehna teu boga anak hiji-hiji acan, jaba ti anak kukut mah awewe hiji, ngaranna Nyi Sutirah, alo pamajikanana.
 Tapi ari ka dulurna pribadi mah ka Bapa Sukri, sakitu waluratna teh teu malire, teu aya pisan pangjeujeuhkeunana atawa pertulunganana.
 Tayohna geus galib ti bihari, ilahar ti baheula, biasa ku nu ngabiasakeun najan jeung dulur ari nu walurat mah sok kateler-teler, beuki lawas tambah laas. Nu matak geus komo ka Sukri mah teu malirena.
 Jadi Sukri ngaku-ngaku bapa ka Haji Karim teh, beunang disebut- keun ambon sorangan.
 Bada isa, Haji Karim jeung bojona dariuk di tengah imah bari ngaropi, dilalayanan ku nyi Sutirah.
 Tapi dina enggoning ngopi teh Haji Karim mah teu kaur balas ngadaweung, semu-semu keur aya nu dipikiran, teu lila pok ngomong.
 "Nyi Haji, ari akang ku geus heubeul teu papanggih jeung Ki Marhasan; 1) naha ku naon bet tara aya elol-elol ka dieu, nya?"
 Nyi Haji, "Dukan atuh, ngan bareto bae ka dieuna teh basa rek nginjeum pare tea, teu dibere da harita larangan bulan."
 Haji Karim, "Lain, akang meunang beja teu nyaho bener, teu nyaho salah, si Sukri bet hade milikna bisa jeneng jadi jurutulis pakgade di Garut cenah."
 Nyi Haji, "Enya kuring oge. meunang beja, malah ayeuna geus boga pamajikan, cenah."

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

1) Nngaran Bapa Sukri samemeh katelah ku anak.

24