Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Haji Karim, "Baruk geus boga pamajikan? Bener? Cek saha?"
 Cek tatanggana, basa kuring papanggih di pasar, malah Pa Sukri oge tas ti Garut ngalongok minantuna, cenah, "jawab Nyi Haji.
 Haji Karim, "Hanjakal, na aya jelema mawa karep teuing sorangan, tara ngajak badami heula ka dulur saluhureun, dipake reueus boga anak jeneng teh."
 Nyi Haji, "Hanjakal kumaha, da meureun itu oge boga pamilih."
 Haji Karim rada nyentak, "Wah! boga pamilih nanahaon, boa teuing pamajikan si Sukri teh jalma teu puguh, kembang-kembang jalan dipake pamajikan."
 Nyi Haji rada keuheul dumeh disentak. tapi nyabar-nyabar maneh bae, hayang nyaho heula maksud salakina, naon sababna nu matak manghanjakalkeun alona geus boga pamajikan.
 Nyi Haji, "Naon sababna nu matak kang Haji hanjakal, naha lamun tacan boga pamajikan rek kumaha maksud kang Haji?"
 Haji Karim, "Rek dipangmilihkeun nu bageur sarta anu baris nyenangkeun kana dirina."
 Nyi Haji, "Saha nu kapilih teh?"
 Haji Karim ngahuleng sajongjongan .................. geus kitu pok ngomong. "Saenyana akang teh geus lila lalamunan ti barang ngadenge beja si Sukri geus boga pagawean, tina ras sorangan teu boga anak lalaki, boga oge hiji anak awewe, jadi sasat teu aya nu pinuluykeunneun rajakaya urang.
 Ku pikiran akang satadina lamun rempug jeung Nyi Haji, rek ditepungkeun jeung ........ anak urang keneh, Nyi Sutirah."
 "Tangtu bae kuring mah ujug-ujug ngarempugan, da puguh duanana oge pada anak, tunggal keneh pikanyaaheun urang," jawab Nyi Haji bari milu hanjakal.
 Haji Karim, "Puguh, jadi barang urang teh salawasna jadi gulung, moal awut-awutan teu puguh."
 Nyi Haji, "Enya, tapi ayeuna mah naon gunana ku urang dibadamikeun, da moal kajadian."
 Haji Karim, "Ulah waka ngabuntut bangkong, urang saakal-akal bae supaya herang caina beunang laukna. Isukan Ki Marhasan jeung pamajikanana sina ka darieu rek diajak badami."
 "Enya, susuganan bisa hasil," jawab Nyi Haji bari tuluy ka kamar, kawas geus tunduheun.
 Isukna kira-kira wanci pecat sawed, jol Pa Sakri jeung pamajikanana daratang, bangun anu reuwaseun pisan, tina tara ti sasarina diteang dihaja-haja.

25