Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Ti kajauhan keneh ku pribumi geus dipapagkeun dihiap-hiap, ngakuna darehdeh bangun anu sono pisan.
 Haji Karim, "Ku naon Ki Marhasan teh nu matak ambleng tara aya elol-elol, kawas aya kangewa ka dulur teh?"
 Pa Sukri, "Lain aya kangewa kang, ulah kurang-kurang hampura bae kuring mah kawantu anu teu boga, lamun ngalegig teh sanajan sapoe, matak moal barang dahar. Ayeuna oge awahing ku reuwas bae gancang ka dieu teh, inggis aya kuma onam."
 Haji Karim, "Ih, ulah reuwas-reuwas, diteang sateh bawaning sono bae geus heubeul teu papanggih, euweuh ari kitu-kieu mah."
 Nyi Haji, "Irah! geuwat asakkeun sangu, jeung ka si Askani ngala gurame nu gede kituh, tina balong anu hilireun tampian."
 Haji Karim, "Geura eta mah Ki Marhasan, si Irah, aya singer kana pagawean teh sagala kacabak, indungna mah geus tara pipilueun."
 Ambu Sukri, "Bubuhan hade palajaranana."
 Nyi Haji, "Ah, hade palajaranana kumaha, da embok mah teu bisa naon-naon. Eta mah kuma onam ramana bae, ari geus ngalem ka putra teh mani teu euleum-euleum."
 Haji Karim, "Ari nu matak Ki Marhasan diala teh, saenyana mah rek nanyakeun Sukri, dumeh meunang beja pajah jadi jurutulis pakgade di Garut, 'na enya?"
 Bapa Sukri, "Sumuhun, meunang gajih f 25,- anyar keneh ku kuring tas dilongok."
 Haji Karim, "Nuhun atuh, kacida akang mah milu bungahna. Saha ari nu sok ngawulaan barang daharna?"
 Pa Sukri, "Kapan parantos bojo an ka urang Garut, kaleresan meunangkeun budak bageur pisan."
 Haji Karim, "Anak saha? Jeung kumaha jalma cukup mitohana teh?"
 Pa Sukri, "Putra M. Arga, duka ari kacukupanana mah."
 Haji Karim, "Lain ayeuna mah urang gancangkeun bae, kira-kirana Ki Marhasan rempug, lamun Ki Sukri urang bedol, sina pepegatan jeung pamajikanana nu ajeuna. Sanggeusna pepegatan urang tepungkeun jeung anak ......... akang pribadi Nyi Sutirah, tina akang hayang milu ngajeujeuhkeun ka Ki Sukri."
 Pa Sukri ngabetem bae teu lemek teu nyarek, tina bingung pijawabeun, sabab dina pikirna beurat ka minantu anu sakitu bageurna.
 "Puguh alus tea mah," cek Pa Sukri neruskeun deui lalamunana-

26