Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na. "Tapi lamun si Sukri lengoh sarta pada aya karep duanana, turug-turug si Sukri ka aing .... Geus bae aing mah moal pipilueun naon-naon. Sukur-sukur oge teu kajadian, sabab lamun kajadian teh si Sukri ka Nyi Sutirah tangtu beuki tambah gorengna ka kolot teh, pantesna mah saruana; kitu deui hirupna tacan puguh leuwih senang ti ayeuna."
 Haji Karim, "Kumaha Marhasan, rempug ? Bet ngahuleng bae.
 Marhasan, "Ari cara kuring mah kumaha jinisna bae, ka anak oge ayeuna mah teu bisa maksa, da geus gede, ngan rek sambung du'a bae, sabab tangtu geus boga pamilih sorangan."
 Haji Karim, "Nya atuh air kitu mah arek dicoba-coba bae ku akang rek dianjangan jinisna, sarta lamun bisa mah hayang jeung Ki Marhasan."
 Marhasan, "Rupina kuring mah moal tiasa keur repot pisan, keur ngagentakkeun midamel bilik anu Bapa Sa'ad."
 Haji Karim, "Teu naon-naon ari keur loba pagawean mah, rek ngajak si Askani bae pibatureun ngomong di jalan."
 Geus kitu Pa Sukri jeung pamajikanana marulang dibahanan pare jeung lauk emas bibitna.
 Sajalan-jalan manehna ngecewis bae ka pamajikanana nyaritakeun lalampahan lanceukna anu ka tukang-tukang.


27