Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

 Ningal pasawahan oge M. Sumarja teu kurang-kurang nya kawaasan, sawah iplik-aplak lir sagara, keur lega tanahna rata.
 Bari ngariuhan ngaso di handapeun kai, angin ngahiliwir ngirim tiis, nyirnakeun anu hareudeung, hariring Mas Sumarja tembang pupuh :


Magatru.

1. Aduh-aduh kakara manggih saumur,
mana rea-rea teuing,
duka puluh, duka ratus,
mun ditetek hiji-hiji,
dibilang teu weleh kerok.

2. Tengah sawah parentul lir batu luhur,
sihoreng saung laleutik,
uyuhan teuing nu gaduh,
saungna henteu pahili,
da kabeh potongan ranggon.

3. Malah-malah carek catur anu wadul,
lulucon ki juru tani,
saha anu bisa ngitung,
milang saung hiji-hiji,
buruhna munding jajalon.


 Ngan hanjakal M. Sumarja ayana di Banjar, henteu tuluy tumuluy senangna, lantaran mindeng geringan. Komo deui Nyi Mas Iting mah tiktikbrek pisan. Malah dina sakali mangsa mah Nyi Mas Iting kacida ripuhna katarajang muriang-panas, nya nepi ka titirah ka Garut, di ibu-ramana.
 Kanalangsaan M. Sumarja geus taya papadana bae, tina pisah jeung anu dipake katineung, tur kasakitna parna matak hariwang, nepi ka kurang dahar kurang sare.
 Dina hiji peuting waktu geus jempling, ngan ukur sora cihcir dina tangkal kai, Mas Sumarja gedebag-gedebug teu daek sare, jaba ti emut ka nu titirah teh, ngadadak emut ka sepuh, ka ibu-rama.
 Demi mimitina kieu: Dina waktu arek pindah ka Banjar, nampa surat ti uana (H. Karim) tea, ngabejakeun dina pananggalan baris

32