Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nganjang ka Garut. Ku lantaran harita geus nampa bisluit pindah ka Banjar, nya gancang dibejaan.
 Eta surat ku M. Sumarja teu weleh diemut-emut dibulak-balik, "Bareto aing keur leutik, ua sama sakali tara umaku, sumawonna ka aing, cacakan ka bapa aing oge, saderekna, sakitu teu malirena. Geuning ari bapa kadatangan bubuh ripuh, nepi ka sok menta tulung ka batur, sakitu boga dulur cukup teh. Wuri-wuri aing ayeuna geus aya pangala, make mapay-mapay ngaku anak, singhoreng ari dunya........"
 Ngeng! M. Sumarja katorekan sarta sada aya nu wawangsit; "Bener kitu, nya cara anjeun bae geuning, bareto mah keur leutik, ka ibu ka rama teh sakitu cumantelna, tapi ayeuna mah........"
 Mas Sumarja rurat-reret bari ebog, tapi taya naon-naon, da puguh eta mah hiji wangsit tina ati sanubari, anu nyingraykeun halimun kakaliruan dina kalbuna ku anjeun.
 Rumpuyuk manahna leuleus sarta nekadkeun dina ati; "Moal deui-deui milampah cara ka tukang-tukang, sok sumawonna ka bapa sorangan, najan ka nu lian oge moal nyapirakeun, ngahina-hina."
 Sapeuting eta dipake nyileuk teu kulem; "Hayang teuing Iting geura cageur, rek buru-buru diajak ka Sumedang, rek pertobat neda hampura ka bapa jeung ka ema."
 Kasubuhnakeun bisa ngalenyap sakeudeung, tapi kulisik nyaring deui tina emut ka impian. Ngimpi tepung jeung ibu-rama sarta bari ditangisan tina bawaning ku suka-sukur ka putra babalik pikir. Atuh Mas Sumarja oge dina sajero ngimpen teh, ngagukguk nangis kanyenyerian, handeueul ku lampah nu enggeus-enggeus.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}

33