6. HARTI DIADU JEUNG HARTA
Dina hiji poe kira-kira pukul 12, kacida panasna, hayam ngagunduk ngupuk di kolong, manuk jempling nyarumput di luhur kai anu iuh, barudak ngampih ka tepas, ngalungsar nahnay teu nangan.
Nya kitu deui M. Sumarja harita ngabaheuhay bae calik di payun, ngagigirkeun gelas dieusi citeh tiis, anu ngan kari satengahna deui.
Tapi parangina rada hegar, lantaran harita nampa surat ti mertuana, yen Nyi Mas Iting geus cageur ngan tacan jagjag pisan.
Keur kitu jol Haji Karim, uana tea; kolot gandang resep midang, ahli beberesih wantu ti bubudak aya di Walanda.
”Euleuh ua! mangga calik, naha geuning teu sareng ibu?” cek Mas Sumarja.
Haji Karim, ”Puguh ibu mah teu bisa ka dieu, keur meujeuhna ripuh, nungguan beunang ngaseuk (huma), unggal poe sok dikoreh bae ku tikukur, aya ngagalaksak.”
M. Sumarja, ”Kareta tabuh sabaraha ua jengkar ti ditu?”
Haji Karim, ”Nu pukul 8 ti Tanjungsari, nema kareta ti Bandung di Rancaekek.”
Ka mana ari si Nyai, bet bangun nu teu aya, tariiseun teuing geuning?”
M. Sumarja, ”Har ari ua, abdi teh teu kinten nuju prihatosna, reh pun bojo udur parantos 3 minggu, lajeng bae dianteurkeun wangsul, nuju tatamba di kolotna di Garut.”
”Naon kasakitna?” cek Haji Karim jiga anu milu susah, padahal ari dina pikirna mah, ”Lah, kabeneran aing indit-inditan teh, nyampak euweuh pamajikanana, jadi bisa cacarita sakamakama tur teu kudu salungkar-salingker neangan nu singkur.”
M. Sumarja, ”Muriang panas. Dupi bapa sareng ema daramang?”
H. Karim, ”Daramang, malah ua oge bebeja heula rek ka dieu teh, bari nganteurkeun pare 2 pikul keur pibekeleun ngahuma, da ku ua teh dikukuprak teu meunang nganggur, tanahna anu beunang meuli ti Pa Arsawi tea diserenkeun, malah geus dibere pibiniheunana sagala rupa.”
M. Sumarja, ”Nuhun atuh, ari ku ua dipakihikeun mah, abdi teu melang teuing.”
Haji Karim,”Ti bareto oge ua mah lain teu rek ngajeujeuhkeun ka dulur, ngan nu jadi dulur sok salah tarima ari ku ua dipapatahan teh
M. Sumarja, ”Manawi tacan kaemuteun bae.” Tapi ari manahna mah kacida kagetna dumeh uana jadi bageut teh.