Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

diserahkeun ku salakina lantaran kagoda ku awewe sanes. Kumaha kinten-kintenna manah ua?”

 Haji Karim melengek sapadamayan, satadina barang ngadenge kecap alona: teu tiasa nampi kana rangkep jeung Nyi Irah, rek ambek, malah aya niat medal sila harita.

 Tapi barang ngadenge sababna kitu, colohok bae, ku teu kajudi ku ati baris meunang pijawabeun sarupa kitu, matak nyeleket kana hate, sumarambah kana bayah.

 Harita keneh hatena Haji Karim jadi leuleus sarta datang pikiran sieun meunang wawales, lamun alona dipaksa dikawinkeun ka Nyi Sutirah.

 Omongna, ”Satadina anu matak ua nyarita kitu teh, tina lebar ku banda lamun dituluykeun ku deungeun-deungeun.”

 M. Sumarja, ”Ari perkawis barang mah, ku margi ua teu kagungan putra, panginten ka saderek ragragna teh, ti saderek ragrag deui ka putra-putrana, sasat nya ka abdi keneh bae.”

 Haji Karim, ”Puguh tapi kawasna ari si Irah mah lapur, ngegel curuk teu dibarere naon-naon?”

 M. Sumarja, ”Beuki komo upami ayeuna Irah rangkep ka abdi kalawan pangreremo, tur di abdina parantos kakaitan, anu tangtos tea moal awet, nya kajadian:

 1e. Abdi sareng Nyi Irah moal tiasa rumaket midulur sapertos ka pungkur, era dumeh aya basa popotongan.

 2e. Ku margi kitu, sok terus mamawa kapuhu leungeun, nya pun bapa sareng ua buktina. Padahal awon pisan jalma gaduh musuh teh, sumawonna jeung dulur mah anu pigeusaneun paheuyeuk-heuyeuk leungeun.

 3e. Nyi Irah baris meunang kasusahan, lantaran tacan kantenan ua sareng ibu ibu oge teu aya pacengkadan.

 Ari ayeuna mah kumaha abdi bae Nyi Irah mah, abdi sanggem nguruskeun moal asa-asa deui, diangken dulur pet ku hinis.”

 Haji Karim hatena tambah leler tina tambah kaharti saomong-omong alona teh, pamuji dina atina, ”Teu nyana ieu budak teh geus koloteun boga panalar-panemu anu sampurna.”

 Geus kitu pok manehna ngomong, ”Kumaha maksud Ujang sanggeus ngurus si Irah teh?”

 M. Sumarja, ”Rada oge panjang dongengna teh.”

 H. Karim, ”Coba bae caritakeun sing tetela.”

 M. Sumarja, ”Puguh abdi teh nampi serat ti sobat abdi anu sapa-pait samamanis, teu beda jeung dulur bae, nyaritakeun aya pependakan anu surup sareng lelembutanana; ka abdi nyuhunkeun

36