Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

timbangan rempug-henteuna. Ku abdi teu acan diwaleran, kantenan ari rempugna mah, kawantu eta awewe nu dipikahoyong teh, moal gagal pibageureun."

 Haji Karim, "Saha eta awewe nu dipikahayang teh?"
 M. Sumarja, "Nya eta nu mawi ku abdi teu acan diwaleran oge bingung, tina margi awewe nu dipikahoyong teh, dulur abdi sorangan, nya Irah buktina; satadina samemeh ngawaleran ka ditu teh, bade nyeratan ka ua heula, ayeuna ua kabujeng sumping ka dieu atuh nya nuhun."
 Haji Karim, "Naha atuh Ujang teu nyarita ti tadi?"
 M. Sumarja, "Maksad mah hoyong nyarios ti tadi oge, mung kapiheulaam manten ku ua, margi ari siang mah waktos ua nembean sumping, asa kirang salse."
 Haji Karim, "Naha saha sobat Ujang teh?"
 M. Sumarja, "Tangtos ua oge parantos uninga, margi parantos calik ka ua sareng kang Kopral."
 Haji Karim, "Enya, inget. Lain Den Jurutulis eta teh?"
 M. Sumarja, "Sumuhun."
 Haji Karim, "Geuning nyobat jeung Ujang; waktu di mana?"
 M. Sumarja, "Waktos di Garut, margi anjeunna teh urang Garut."
 Haji Karim, "Naha geus kagungan garwa atawa teu acan?"
 M. Sumarja, "Parantos, sakali."
 Haji Karim, "Ari cara ua mah, kumaha Ujang bae, lamun ku Ujang geus katimbang baris piluluseun cumaritana, teu aya halangan naon-naon; rek neangan anu sakumaha deui."
 M. Sumarja, "Kantenan abdi mah panuju pisan, tina parantos terang kaayaanana, anu tangtos tea baris lulusna teh."
 Haji Karim, "Nuhun atuh! Ayeuna ku lantaran sagala geus beres, sasat nya Ujang anu mereskeun, ua rek sare geus tunduh."



37