Kaca:Poesaka Soenda 1922-07-1(01).djvu/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
  1. Bandoeng. Lian ti hartina doea nga-rendeng, saperti: bale bandoeng, bandoengan, ngabandoengan, dj.s.t. aja deui hartina (basa Kawi) boeleud gede. Soemoer bandoeng, soemoer noe liangna gede.
  2. Moentjang laboeh ka poehoe. Ieu pari-basa biasa njamboeng djeung "kebo moelih pakandangan”, ngarah tambah anteb, da hartina mah saroea bae.
    Moentjang dina ieu paribasa, lain anoe sok dipake sambara; tapi tina boentjang basa Kawi hartina ngaloengkeun, maledog.
    Soeroep kana hartina; dialoengkeun, ragrag deui ka poehoena, hartina ka asalna tadi.
  3. Oenggah bale watangan. Lamoen aja boedak ngadekan lintjar, koe kolotna sok geuwat ditjarek, pokna: "Pamali matak oenggah bale watangan”. Sok aja anoe nerangkeun, hartina: keuna perkara, tjenah. Eta katrangan teh bener, sabab watang teh hartina: paseban, djadi bale watangan, bale paseban, paranti mariksa perkara.
    Di oerang aja ketjap pamatang, nja eta toekang ngoedag oentjal koe koeda. Asalna nja tina watang keneh, tapi watang dina pamatang mah hartina ba-hoe, gagang toembak atawa dihartikeun oge toembak. Djadi pamatang teh, toekang noembak.
  4. Hileud sitataroe, ngaran saroep hileud anoe matak gila naker. Anoe matak di-ngaranan kitoe, noeroetkeun enggonna, dina tatangkalan anoe koelitna semoe bodas.
    Sita, hartina bodas (Sangsrit: Seta, Kawi Sita.)
    taroe, hartina tangkal (Sangsrit: taroe. Lataroe = taroe lata = tatangkalan bangsa palem).
    Sitataroe teh hartina tangkal anoe bodas.
  5. Djelema andon soeka, hartina anoe ngadon tjitjing kalawan soekana pribadi. Andon asalna don (Kw), hartina tempat, enggon. Djadi andon atawa ngadon teh, nempat, aja di eta tempat, make eta tempat.
  6. Gedogan, hartina saroea djeung istal, nja eta kandang koeda.
    Gedog (Kw) hartina koeda, djadi gedogan teh tempat koeda.
  7. Pagoelingan = padjoearan = pangkoeleman, pangheesan.
    Goeling (Kw) = Koelem = hees.
  8. Doeroewiksa, biasa dihartikeun saroea djeung djoerig, asalna tina doerbiksa.
    Biksa (Kw) = lelemboet.
    Doer (Kw) = djahat, goring.
    Doerbiksa = bangsa lelemboet anoe djahat.
    Djana (Kw) = djelema.
    Doerdjana = djelema djahat, bangsat.
  9. Hoedjan silantang hartina hoedjan kaanginkeun ngagoeroeh di awang-awang, lain hoedjan ngagebret.
    Silantang, asalna tina Kawi grantang atawa gerantang ngaran saroepa tatabeuhan beheula, meh kawas gambang. Hoedan grantang (hoedan gerantang) koe Soenda dioenikeun hoedjan silantang.

Aja toeloejna.

__________


Ngamimitian Ngadegkeun Tjabang Java-Instituut di Djogdjakarta.

Dina boelan Maart taoen 1921 di Djogdja geus ngadeugkeun Tjabang Java-Instituut, lantaran koe elid-elid ka timbang bars gede pimangpaateunana, djeung sangkan gampang ngaliarkeun pikareupeunana eta pakoempoelan, noe sakitoe moendelna oedaganana. Pikeun ngadegkeun Tjabang teh henteu matak wegah, da patokanana anoe kaoengel dina Oegeran pasal 6, disebeotkeun jen lamoen aja 20 elid, bisa ngadeg Tjabang. Heuleut sawatara boelan ti mentas ngadeg, elid Tjabang Djogdja geus aja lima poeloeh, sawareh bangsa Pribumi sawareh deui bangsa Eropa. Ajeuna bangsa

9