Kaca:Poesaka Soenda 1922-07-1(01).djvu/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
10. magih lara soedakala
sasara oemarab-arab
kasakit patidih-tidih
na mala kanteu pegatna
sangkilang dipadjar sorga.
15. mikahanan boemi kedan
kara koe sang widadara
ngawisesa widadari
mirabina nagawati
mirabina nagawati
noe naker, haksarikali
20. euweuh keneh kabilaan moe
moen hoelah kaat dewatta
hanteu pihadeheunana
sahoer dewatta Oetama
noesija mahapandita
25. kanah ing poernawidjaja
kebotahaki magahan
Soegan sija kamo njaho
reungeukeun ta tjarek ahing
moelah de sawo saungeungah

Aja samboenganana

__________


WAWATJAN TJARIOS PRABOE SILI WANGI.

Pangintoen R. G. Koesoemapoetra Tjiamis (Beunang njaroengsoem Soeriadiradja)

Dangdanggoela

__________


  1. Bismilahi rahman nirrahim, awit kedal moedji soebhannalah, Pangeran hing alam kabeh, anoe. moerba linoehoeng, noe kawasa teu aja deui, teges anoe sipat koedrat, iradat kadiroen, estoe woedjoed toetoeg toenggal, koelhoe alloh hoeahad sa estoe jakin, dat sipat asma ap al."
  2. Mila ieu antara rek noelis, matja bismilah sareng patihah, matja koelho tioe balén, palakbinasna tiloe, noehoen rahmat ka Maha Soetji, moegapinaring gampang, kadar djadi kaboel, pikeun njoendakeun tjarita tina Djawa disalin koe Soenda dangding, kawit dangding dangdanggoela.
  3. Kawit njerat dinten Djoemaah Manis tanggal doea poeloeh tiloe Radjab kaleresan in taoen Dje, saréwoe tiloeratoes, doea poeloeh genep jakin, tepangna boelan Walanda, leresan diitoeng, Agoestoes doeapoeloeh tiloe na sewoe salapan ratoes dlapan Masehi, sakitoe itoenganana.
  4. Menggah ieu tjarita disalin, disoendakeun tina Djawa koena, Djawa boehoen dangdingna téh, menggah éta noe ditoetoer, taleraning Galoeh winarti, asal-asal ing boeda, tatjan aja elmoe, tanah Djawa masih papa tatjan aja para wali anoe soemping, ngislamkeun, poelo Djawa.
  5. Waktoe éta anoe djemeneng Adji, anoe ngeréh nagara Pakoean, tedak Galoeh henteu porot, noedjoe Sri Maha Praboe Anggalarang sinambat Adji, geus koena djoemenengna, langkoeng widak taoen, patih saderek sarama, kapi sepoeh misah iboe djalan selir, nelah sri Banjaksoemba.
  6. Sang Paraboe sareng kjai Patih, sami-sami geus pada poepoetra, istri pameget aranom, poetra Praboe anoe sepoeh wiwidjilan ti garwa selir, Raden Asmoenalarang, eta geus kamantoe, koe den patih rama oeu. geus diparin koe rama pangkat bopati djoemeneng radja poetra.
  7. Geus ngadamel gedong kangge boemi, goemelarna kalereun pasar, rame-rame saban poe, adon adoe adoe, para ageung sami lalinggih, ngaben moentjang reudjeung hajam, poejoeh saban minggoe, doea pandakawanna, noe kadeuheus beurang peuting henteu tebih, Tandesan Papagratang.
    11