Kaca:Poesaka Soenda 1922-07-1(01).djvu/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
  1. Pandakawan ati pada gilig, wedoek bedas teu teurak pakarang, tapis nakis njandak pélor,tabah ngagepoek moesoeh, pinertjaja koe rama patih ngadjaga poetra poetra; ngoeroes di kadatoen Mangka poetra Maha Radja, anoe anom doea pameget kakasih, widjilan sri Mésmara.
  2. Moenadewi kangdjeng ratoe poetri, praméswari garwa Maha Radja, poetrana doea karasép, noe boengsoe Poepoek Tjoetoeng,ari tjikal hidji deui, Radéu Pamanahrasa, pangkat radja soenoe; pinoedjoe mangsa harita, Sang pinoetra joeswa dlapan taoen, leuwih, sedeng ka slapanna.
  3. Kéwés pantes djedjer sang poetra Dji, terah Galoeh salira langkonjang, soemirat tjahja montjorong, koening lir emas sinipoeh, kéndep wanda aling aling, lir dewa kamanoesan, Kamadjaja toehoe djelema anoe naringal pada moedji poetra goesti kembang nagri, katjapangan sadajana.
  4. Radja Soenoe ari noedjoe oelin, diariring poeloeh-poeloeh boedak, ngaleut ngeungkeuy sapopoé, budak mangpoeloeh-poeloeh, kararoempoel ngariring oelin, ari ameng ka pasar, njandak kandjoet pinoeh, ngagaleuhan kadaharan, kanggo marab, ngawoer boedak batoer oelin, sakandjoet artana béak.
  5. Iboe rama sakalangkoeng asih, salamina dinénéh diheman, sabeurang peuting dimongmong sakarsana ditoeroet, dipaparin tiloe pangaping, pangatik toetoeroenan, tiloe djalma loetjoe, tedak loengsoeran ti ejang Praboe Moendingkawati ti moerangkalih nja di atitkna koe eta
  6. Ti Sang Praboe Sri Moendingkawati, toeroen ngatik Praboe Anggalarang, awit ti boerejna kénéh, dongkap djoemeneng ratoe, Anggalarang djoemeneng Adji, aja widak taoenna, enja masih loetjoe, ngasoehna woewoeh tangginas, tiloe djalma kawantoe poesaka nagi oemoerna geus ratoesan.
  7. Noe sahidji nami Poewakasih, éta ngaran waktoena nonoman, geus sepoeh soeka diogo, mashoer Kidangpanandjoeng, badan gembroe beunteung ngawingking gede salira handap gemejék raridoe, badeur badeur ka sasama, godég bewok boeloe halisna ngadjedig, nanging elmoe pandita.
  8. Noe kadoea éta leuwih deui, gede loehoer dedegna pohara, djangkoeng leuwih ti antéro, tjatoer sapoetjoek tjaoe, noe modonghol djantoeng na bidjil, djenengan sanoelawat éta ngaran bakoe tina loetjoe tambah ngaran. Lampeongdjamboel nelah nepi ka kiwari, tina singkah dedegna.
  9. Roebak dada harigoe pasagi, godég bewok boeloe semoe abang, boeloe harigoe ngarimjong boeoek boerigil djaeboel, boeloe halis noeroeban pipi daoen tjeuli boeloean, lir soesoemping indjoek, ari keur ameng amengan, ditoempakan leungeunna kentja sahidji, koe lima genep djalma.
  10. Dilempengkeun leungeunna sahidji, ditoempakan lima genep djalma, henteu pisan aja menod; ari anoe katiloe, djalma kate tarandal tirindil beuneur tangginas loempat bawél mawoer saoer, koelitna konéng konéas lir noe boelé pendék leutik semet birit, wanter teu aja pantar.
  11. Sasalakaj ka sagala kai, kawas badjing bisa loeloentjatan tatalepa ka noe sedjen, moen noedjoe perang tjampoeh, loentjat kana takrak tarampil, moesoehna ditoempakan bari ngadek hoeloe, sapisan lawanna babar, Gelapnjawang parigel pinter pinilih, langka noe bisa njandak.
  12. Sakatiloe tara make samping, Salawasna makena serewal, oendoer beroek noe galobroh, landoeng sésémet toeoer, badjoe koetoeng sahibas birit, saroeng njampaj dina taktak,dikongkojang kandjoet, ngan ari marék ka radja, dina tjangkeng saroeng diboelat dibeulit péso kantong henteu tinggal.
12