Kaca:Poesaka Soenda 1922-07-1(01).djvu/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Tjipanas deukeut Tjisambeng di Radjamandala, katjida tabahna kana carita-carita pantoen, sarta pibisaeun njaritakeun lalakon Djaka Soesoeroe.

Kalawan pitoeloeng Djoeragan Tjamat Bodjongpitjoeng, kawadanaan Tjirandjang, èta Kuntjén Tjisambeng disaoer ka Katjamatan, disina njaritakeun lalakon Djaka Soesoeroe téa.

Ari tjaritaanana anoe kakoeping koe djisim koering harita; kieu:


Lalampahan DJAKA SOESOEROE radja di nagri Tandjoeng Singoeroe

Lalampahan Praboe Djaka Soesoeroe noe ngadamel karaton di Tandjoeng Singoeroe, anoe ajeuna kasebut Bobodjong Tjisoeroe, di dèsa Soekarama onderdistrict Bodjong Pitjoeng district Tjirandjang afdeeling Tjiandjoer.

Ieu oeroet nagara tempatna santosa pisan ti kidoel ti koelon djeung kalèr dikoerilingan koe tjai ngaranna waloengan Tjisokan, sarta ti kidoelna ngadingding goenoeng, diseboetna goenoeng Tjiboelè, ari ti wètanna dihalangan koe bèntèng 5 lapis, sarta ka wètanna pisan ngadingding goenoeng Pajoeng. Noeroetkeun tjaritaan oerang kampoeng Tjisèro noe ajana dina soekoe èta goenoeng, èta goenoeng Pajoeng tèh sanget, malah sok dipakè pamoedjaan sato hèwan noe aja di dinya.

Ieu oeroet Tandjoeng Singoeroe di handapna dipakè torowongan solokan irrigatie, noe ajeuna tjaina dipakè njaian sawah sajoemblahna aja ± 8000 baoe, èta tèh noe kakoeroeng koe solokan irrigatie woengkoel.

Ajeuna oerang tjarioskeun bab galoerna lalampahan Praboe Djaka Soesoeroe, poetra Praboe Siliwangi radja di nagri Padjadjaran, noe ajeuna patilasanana aja di Bogor.

Boeboekana: Sang Praboe Siliwangi ka 7 Radja di Padjadjaran kagoengan poetra djenenganana Moending Mintra Kasiringan Wangi. Dina hidji mangsa magelaran di pantja niti dideuheusan prabopati, patih, mantri, para toemenggoeng. Sang Praboe Siliwangi ngadawoeh ka sadajana prabopati, dawoehanana: „Koemaha hè para Bopati, Patih djeung Toemenggoeng, sarèhna kami kagoengan poetra pameget, nja ieu si Oedjang Radèn Munding Mintra Kasiringan Wangi, tatjan kagoengan garwa, tapi koe kami hajang didjenengkeun Bopati heula!” Pioenjoekna para bopati sareng para toemenggoeng ka Sang Prabu Siliwangi: „Èta mah sadaja-daja, henteu ngalalangkoengan Kangdjeng Goesti baè, menggah pidjenengeunana poetra Radèn Moending Mintra Kasiringan Wangi.” Sanggeusna Sang Praboe Siliwangi ngadangoe pioendjoekna Pra Bopati djeung Toemenggoeng kitoe, ladjeng ngadawoeh deui: „Ari moenggoeh kahajang kami sarta noeroetkeun gambar Pakoean Padjadjaran, pinagaraeunana tèh ajana di tatar alasan Pasagi wétan, ngan pingaraneunana nagara koemaha engkè baè boektina.” Sanggeusna Kangdjeng Radja Siliwangi........

Aja toeloejna.

__________


BANGSA KALANG.

(Tina Djawa No. 1, tahoen I. Karangan M. Inggris, disoendakeun djeung ditambahan koe Soeriadiradja)

Di Djawa Tengah aja bangsa anoe biasa disareboet bangsa Kalang, diaranggapna bèda ti Djawa biasa, komo baheula mah. Rèa anoe njeboetkeun bangsa Kalang tèh baroentoetan, da toeroenan monjèt, tjenah. Tapi, ari saenjana mah, saoer Kangdjeng Boepati Wreksidiningrat Boepati (toeroenan) Kalang di Solo, anoe boemina sok ditarongton tina anèhna, pinoeh koe siloka

3