sasmita djeng karadjinan, henteu kitoe, eta mah ngan pamojok bae. Oerang Kalang the Djawa biasa, malah estoe pitoein oerang Djawa, saenjana mah, Ari asalna pang djadi djalma saba leuweung dawoehanana, nja eta sanggeus Islam njaliara di Djawa, tea Djelama anoe emboeng anoet kana agama Silam, nja misahkeun maneh ti noe sedjen, ting alasreok ka goenoeng-goenoeng noe singkoer, ka mandala noe singkah, soepaja oelah meunang panggangoe. Moal beda di Badoej di oerang. Di leuweungna njarieun imah, djati bahanna, tara kaselapan kai sedjen, soemawonna pakoe atawa beusi mah da teu aja. Ana pindah ka leuweung sedjen, imahna the diringkid, da gampang naker dirakrakna, toeloej diadegkeun deui, teu araja karoeksakanana. Sabaraha kali bae mindahkeunana, imah boeatan bangsa Kalang mah tara aja reg-rog-regrogna. Tabahna kana ngagarap kai bangsa kalang mah, hese bandingna. Dina Djowo No. 1 tahoen I aja karangan bab bangsa Kalang anoe aja di apdeling bagelan, saperti di Gombong, petanahan, Karanganjar, karangan M. Inggris anoe eusina ieu di handap, diterangkeun.
Bangsa Kalang tèh adat taladjakna nja kitoe deui paromanna, rada bèda ti Djawa anoe sèdjèn, ieu mah rada maronjong, tara koemisan tara djanggotan. Ana leumpang teu ngalejad ngagandeuang tjara Djawa biasa, tapi ngintjid bari kèprèt. Ari moenggoeh papakèanana mah nja biasa baè, ngan rada leuwih garinding, awèwè lalaki mèh tara tinggal ti ali emas, komo dina pèpèstaan mah. Imahna tèmbok, pakaranganana salawasna dikoeta loehoer, djeung koedoe baè miara andjing, ari paparabotan papaès imah, kabèh kai baè. Djelemana garetol palinter, teu kagelè teu kaselèk koe oerang Djawa biasa tèh. Pakasabanana kana dagang batikan, dagang bako djeung sadjaba ti èta, koe sabab èta hiroepna sarenang naker.
Oepama bangsa Kalang kawin, prak-prakanana dirapalan atawa dipèstakeunana mah djamak oerang Djawa baè, ngan anèhna, dina waktoe raramèan tèh, dina lawang ka lemboerna pangantèn awèwè, koedoe baè makè papanggè. Pangantèn lalaki djeung tamoe-tamoe, teu meunang asoep samèmèh majar ka djaga lawang, koe doeit atawa koe roepa emas inten.
Nèwoe, nja èta sidekah sarèboe poèna anoe maot, koe bangsa Kalang mah digedèkeun. Samèmèh tepi kana waktoena geus njadiakeun moemoendingan koe kai pandjangna kira-kira 1½ M, djeung wong-wongan kai kènèh, djangkoengna kira-kira 2 M. Dina peutingna sidekah, moemoendingan tèh didangongkeun di tengah pendopo imahna, ari wongwonganana didioekkeun dina mèdja di hareupeun moemoendingan tèa. Lamoen geus tengah peuting, wongwongan tèh prak digarotong ngoerilingan moemoendingan tèa, meunang toedjoeh koeriling, bari kitoe tèh koedoe aja boedak anoe neunggeulan meri koe tjameti sina disada wakwak-wèkwèk. Ti dinja toeloej èta wongwongan dibarawa ka boeroean, sok didioekkeun lalaoenan dina toempoekan papakèan anoe maoet tèa, anoe geus disadiakeun di dinja, sarta ger baè didoeroek. Ari geus ngahoeroe èta mah brak bae balakètjrakan dahar leueut.
Bangsa Kalang anoe baroga adat ngadoeroek wong-wongan tèa, disareboet “Kalang-obong”, ari paranakan Kalang anoe sèdjèn diseboet Kalang-mendak.
Bangsa Kalang noe ajeuna aja di bagelèn èta aja sasakalana, kieu tjaritana: Djaman baheula aja hidji radja, angkat boeboedjeng ka leuweung. Diiring koe mènak-mènak djeung koe abdi-abdi. Kangdjeng Radja tjoekoel pisan boeboedjengna kènging roepa-roepa sato leuweung. Barang geus rada boerit andjeunna ngaraos palaj toeloej lirèn handapeun kai. Di dinja andjeunna hojong kahampangan, sarta lantaran bèh mendak batok kalapa atoeh prak baè kahampangan dina batok tèa, ti dinja mah ladjeng deui baè angkat. Sadjengkarna Kangdjeng Radja, djol aja bagong bikang halabhabeun hajangeun nginoem, legoek baè tjai kahampangan Kangdjeng Radja tèh diinoem. Bet pelendoeng bae bagong tèh reuneuh sarta barang tepi kana mangsana borodjol ngadjoeroe anakna orok awèwè. Dina hidji mangsa aja hidji awèwè ka dinja, katjida kagètna patjampoer djeung atoh manggih boedak awèwè geulis ngagolèr di leuweung. Teu antaparah deui ngan rijed baè diais