linggihna di Pasei, ti dinja ngalih ka Demak, sarta toeleoj garwaan ka sadèrèkna Kangdjeng Soeltan. Kalawan pirempang Kangdjen Soeltan, andjeunna djengkar ngoengsi ka Banten, nja iasa ngislamkeun Mangkoe Boemi Padjadjaran. Sanggeus tjoendoek ka woekoe datang ka mangsa, andjeunna iasa nempoeh ngagempoer moesoeh ngalindih kakawasaan, Padjadjaran kantoen ngaran, Poelo Kalapa ditjandak. Nja harita Maha Radja Padjadjaran poepoet joeswa kasamboet di pangperangan.
Satoetasna Padjadjaran ngarangrangan Falatèhan djoemeneng Adipati di Demak, ari Banten dipasrahkeun ka poetrana anoe tjikal djenenganana Maulana Hasanoedin, anoe dina taoen 1568 ngadeg radja koe andjeun, leupas ti genggeman Demak. Nja andjeunna deui anoe naloekkeun sabagian tanah lampoeng nepi kaerèh koe Banten.
Dina taoen 1570 keur mangsa djoemeneng kènèh ramana, Maulana Hasanoedin poepoes, dipendemna di dajeuh Banten pipir masigit, tempat anoe diseboet sabakingking. Ti hartia andjeuna katelah Pangèran Sabakingking. (Sabakingking hartina: tempat prihatin: Saba = patempatan, pasamoan, tempat. Kingking = soesah, nalangsa, prihatin.)
Anoe ngagentos karadjaan, poetrana, djenenganana Pangèran Joesoep (1570-1580) katjida ngamadjoekeunana ka nagara nganggeuskeun bèntèng-bèntèng hantja ramana, sarta nimbalan ngadegkeun masdjid agoeng.
Sanggeus Pangèran Joesoep noempes ngalastarikeun sirnana Padjadjaran, andjeunna poepoes, dipendem di Pakalangan, tempatna sisi djalan anoe ti Sèrang ka Banten.
Andjeuna katelah Pangeran Pasarèan.
Anoe ngagentos djoemeneng Radja, poetrana anoe masih boerej kènèh, djenenganana Pangèran Moehamad, anoe katelah Ratoe Soerasoan noeroetkeun ngaran karatonna.
Dina taoen 1596 andjeuna kasamboet dina pangperangan waktoe keur ngaroeroeg ka Palèmbang. Koe sabab èta sok diseboet Pangèran Sèdangrana (Sèda ing rana = poepoes di pangperangan).
Dina taoen-taoen èta, toen Cornelis Houtman (1596) djeung toean Wolfert Harman (1601) ngamimitianana merangan bandar Portegis djeung Sepanjol di palaboean Banten. Anoe djoemeneng Radja mangsa harita masih anom kènèh, djenenganana Abdoel Mafachir Moehmoedi Abdoel Kadir, nja kitoe deui anoe djadi walina deui, teu iasa njapih ngarèpèhkeun ka sèmah-sèmah anoe keur paretjoh tèa.
Ti saenggeus bangsa Walanda ngadegkeun lodji dina taoen 1603, perangna sèmah pada sèmah tèa, beuki meuweuh beuki matjeuh bae, ngawoedkeun sanggeus Djakatra dipakè panonoban kapal-kapal Koempeni (O.I.C.) mah, djadi pindah lain di Banten djeung sanggeus toean Coen dina taoen 1618 djadi Goepernoer Djendral, beuki ragot baè perangna.
Anoe djadi wakil Kandjeng Soeltan Anom tèa djenenganana Ranamanggala, sababaraha kali teungteung metakeun kakawasaanana, njegah sèmah anoe parasèa tèa, tapi dina taoen 1624 andjeunna koedoe masrahkeun kakawasaan karadjaan ka radja Anom anoe sateroesna oenggal aja perang ngantep bae teu kersaeun miloe tjampoer, teu biloek ka ditoe teu biloek ka dieu.
Ti taoen 1651 t.k. taoen 1682, noe djadi Soeltan Banten, djenenganana Soeltan Abdoel Fatah, anoe katelah Soeltan Ageng, rada njatroe ka koempeni. Andjeunna kalawan pitoeloeng oerang Inggris ngamadjoekeun hal dagang, djeung ngoeroes solokan-solokan sangkan bisa njaian tanah geusan ngamadjoekeun tatanèn; nja andjeunna anoe ngadamel solokan ti Tjikande ka Kali Pasilian (taoen 1663), antawa Tanara djeung Pontang (1670) djeung ti Tirtajasa ka Tanara. Koe sabab andjeunna ngamoesoeh ka bangsa Walanda, djadi andjeunna biloek miloe noeloeng ka Troenodjojo. Èta lantaranana pang Toean Besar Speelman, sanggeus nangkep Troenodjojo, toeloej miloe nempoeh Soeltan Ageng basa perang djeung poetrana djenengannana Abdoel Kahar, anoe sasoempingna ti Mekah diseboet Soeltan Hadji, nja èta waktoe Kota-Inten, Karaton Soeltan Abdoel Kahar, dikepoeng koe wadia balad Soeltan Ageng. Sarèngsèna perang teroes