Kaca:Poesaka Soenda 1922-07-1(01).djvu/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Soeltan Abdoel Kahar ngasta Karadjaan ngerèh Banten.

Dina taoen 1687 Abdoel Kahar digentos koe poetrana noe tjikal, djenenganana Abdoel Fadal Moehamad Jachim, tapi ngastana karadjaan ngan 2 taoen kaboeroe poepoes, digentos koe sadèrèkna djenenganana Abdoel Moehazen Zainoel Abidin, ti taoen 1689 n. k. taoen 1733 anoe nèma karadjaan djenenganana Abdoel Patah Siefach Zainoel Arifin, katjida kabawahna koe garwa, istri tedak Arab, anoe nepi ka ngaloengsoer andjeunna tina karadjaan, dina taoen 1747. Dina taoen 1758 poepoes dipangboeangan di Ambon. Èta Radja Istri, lantaran aja karaman lolos ti nagara, toengtoengna diboeang ka Edam. Dina taoen 1753 poetrana anoe tjikal djenenganana Pangèran Goesti, disina moelih ti Sèlong, diangkat djadi Soeltan.

Ti harita nepi ka nintjak windoe ka dalapan welas, Koempeni djeung Banten rapih rèpèh tengtrem ajem, henteu aja naon-naon. Tapi sanggeus Toean Daendels dina taoen 1808 djadi Goepernoer Djendral, waktoe ngamimitan midamel gawè militèr di Meeuwenbaai, Kangdjeng Soeltan Moengpang kana pamoedoet Toean Besar, teu kersa njaosan djelema anoe pidigawèeun, sarta katjida bendoena barang kènging parèntah koedoe mindahkeun dalem ka Anjar, nepi ka dina tanggal 14 Novèmber 1808 toean Komendang Du Puij djeng soldadoe Walanda anoe djadi goelang-goelang karaton dipaèhan. Koe lantaran èta karaton dikepoeng toeloej dillindih koe Koempeni, sarta Kangdjeng Soeltan diboeang ka Ambon. Karatonna ogè baris teroes diroeang.

Anoe ngagentos djadi soeltan poetrana anoe tjikal, djenenganana Safioedin, tapi henteu iasa ngertakeun djeung mèmèrès deui nagara. Koe lantaran èta koe toean Raffles kalawan pirempag andjeunna, dina taoen 1813 Banten tèh didjadikeun djadjahan torodjogan dibawah parèntah koempeni.

Sanggeus poepoes Soletan Safioedin dina taoen 1815, digentos koe poetrana anoe masih boerej kènèh djenengannana Rafioedin, ari ngadjalankeunana pamarèntahan diwakilan koe iboena. Dina taoen 1832 Soeltan Rafioedin diboeang ka Soerabaja, lantaran kaambat tjampoer djeung badjo, poepoesna di Soerabaja dina taoen 1900.

Baris disambung



GOEGOERITAN „PIPILIS” ISTRI GOEGAH BABAR.

(Kènging njoetat tina Djawa, No. 2 tahoen I karangan R. Hasan Soemadipradja.)

__________

Dangdanggoela.

I. Horéng kitoe moenggoeh katoembiri,
témbongna téh ari hoedjan pojan,
katodjo ku panon-poé,
beulah wétan melengkoeng,
matak kasmaran noe ningali,
ana braj tjaang raat,
woewoeh kelar kalboe,
margi radjeun kalangkangan,
namung ieu melengmeng teu béngras bersih,
ngoewoeng loehoereunana.
II. Moeng oepami hoedjan wanci éndjing,
srangéngé motjorong beulah wétan,
ngaweng mengkoeng di koelon,
dilandi koewoeng-koewoeng,
tengah awang-awang nangtawing,
goemeter pipikiran,
rét kelir kairoet,
kaja ningal istri babar,
goegah ngowo dilandong nganggo pipilis,
koemoewoeng dina taar.
III. Koewoeng-koewoeng miwah katoembiri,
padjar manéh mah taradjé emas,
anggon-anggon widadarén,
pami ngarsakeun loengsoer,
loentoer siram beberesih,
pinareng kawanéhan,
kitoe saoer sepoeh,
widadari ti sawarga,
katinggalna sing sarwa kerang tjawening,
toejoeh pisadérékan.

Aja toeloejna.

7