Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
No. 2
Tahoen ka 1
Augustus 1922

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: – GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Eusina nommor 2.


Patilasan Radja Djaka Soesoeroe 17
Bangsa Kalang 21
Patilasan-patilasan di Banten 22
Goegoeritan pipilis istri goegah babar 26
Goegoeritan paranti njawèr 26
Basa Soenda 28
Wawatjan Siliwangi 29
Pihatoer Redaksi 32


Patilasan Radja Djaka Soesoeroe.

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1)

Sanggeusna Kangdjeng Radja Siliwangi ngadawoeh kitoe, teroes poetrana Radèn Moending Mintra Kasiringan Wangi disaoer, sarta didawoehan koedoe ngamplang ngoembara ka tatar Alasan Pasagi Wètan, nèangan pinagaraeun, sarta dirèntjangan koe doea Toemenggoeng, nja èta Dipati Toemenggoeng Sèwanagiri, djeung Dipati Toemenggoeng Sèwanagoeroe, sarta dipasihan djimat Makoeta Siger Kantjana djeung gambar Pakoean Padjadjaran atawa gambar Lawè Domas Kinasihan. Saparantosna sadia ladjeng Moending Mintra Kasiringan Wangi djeung Toemenggoeng Sèwanagiri Sèwanagoeroe angkat tiloean. Barang nepi kana Leuweung ganggong si magonggong, Radèn Moending Mintra sarta doea Toemenggoeng lirèn di dinja, pok mariksa ka Toemenggoeng Sèwanagoeroe djeung Sèwanagiri, kieu lahirna: "Hè, mang Toemenggoeng Sèwanagoeroe djeung Sèwanagiri, boa-boa nja ieu pinagaraeun tèh!" Djawabna doea Toemenggoeng: "Soemoehoen dawoeh, èmoetan poen paman ogè kawas-kawas jaktos pisan ieu, pantes oepami didamel nagara tèh, margi palemahanana saè, tnah kalingkoeng koe goenoeng, bahè ngètan, nja noe kieu noe diseboet Galoedra ngoepoek tèh." Toeloej Radèn Moending Mintra neneda ka djimatna Makoeta Siger Kantjana, sarta neneda ka Dèwa Batara Sanghiang Oetipati. DImakboel panedana, toeloej èta tanah ditjipta, djleg djadi nagara, sarta makè bèntèng 5 lapis, salapis bèntèng beusi, salapis wadja, paroenggoe, pèrak, lapisan noe pangdjerona beusi poerasai. Ti dinja neneda deui ka Dèwa

17