Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/2

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

moendoet pamoek 8000, baladna 80000, badegana sawidak lima noe poerah ngoeroes di Karaton. Sanggeusna lengkep eusi karaton rawoeh eusi nagara, toeloej Radèn Moending Mintra Kasiringan Wangi barempoeg djeung Toemenggoeng Sèwanagiri, Sèwanagoeroe baris nangtoekeun pingaraneunana èta nagara. Tapi didjawab koe Toemenggoeng Sèwanagoeroe, Sèwanagiri: "O, Radèn, perkawis pingaraneunana ieu nagara, oelah ngaborongkeun rama baè, Goesti Praboe Siliwangi di Pakoean Padjadjaran langkoeng saè abdo baè oetoes ka Padjadjaran ngadeuheus ka Goesti." Nja toeloej Radèn Moending Mintra ngarempoegan. Ti dinja ladjeng Toemenggoeng Sèwanagoeroe angkat sedja ngadeuheus ka Kangdjeng Praboe Siliwangi. Teu katjarios di djalanna, parantos soemping ka nagara, ladjeng marek ka Kangdjeng Praboe Siliwangi, sarta teroes oendjoekan jèn dipiwarang koe poetrana njoehoenkeun pingaraneunana èta nagara, wirèh saniskanten parantos sajagi, henteu atjan dingaranan.

Dawoehan Kangdjeng Praboe Siliwangi: "Ari pingaraneunana èta nagara koedoe "Tandjoeng Singoeroe", sarta Moending Mintra koedoe gentos kakasih, "Praboe Djaka Soesoeroe". Ti dinja Toemenggoeng Sèwanagoeroe amit moelang, parantos dongkap ka nagara Tandjoeng Singoeroe, toeloej dipariksa koe Moending Mintra Kasiringan Wangi: "Koemaha dawoehanana Goesti Praboe Siliwangi?" Toeloej dioendjoekkeun koe Toemenggoeng Sèwanagoeroe, jèn dawoehanana pingaraneun èta nagara tèh koedoe Tandjoeng Singoeroe, sarta radja koedoe gentos djenengan, Praboe Djaka Soesoeroe". Saoer Radèn Moending Mintra Kasiringan Wangi: "O, atoeh noehoen, jèn ajeuna nagara geus aja ngaranna, sarta kami digentos djenengan, ngan handjakal baè atjan boga pawarang. Ari ajeuna saha deui noe baris pibèlaeun, kadjabi ti mamang dpati, ajeuna diperih pati, koedoe nèangan Poetri keur baris pawarang". Saoer Toemenggoeng Sèwanagoeroe: "Mangga abdi ajeuna baris nèangan poetri, malah parantos mendak wartos, aja modjang di nagara Bitoeng woeloeng, poetra Toemenggoeng Bitoeng woeloeng, Pangèran Djoengdjang Boeana, djenenganana èta Poetri noe hidji Sekar Djajanti, hidji deui Djajanti Kembang"....

18