Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Radjana Badak Tamela Soekla Pandorok Djaja. Eta Radja teu kagoengan garwa, ngan kagoengan sadérék istri hidji djenengan Ratna Kembang Tan Goemilang.

Radja keur linggih di Paseban, ngadangoe anoe pésta di nagri Tandjoeng Singoeroe, toeloej njaoer raina njai-Poetri Ratna Kembang: „Njai, di mana éta noe pésta téh?”

Djawab Poetri: „Éta noe pésta téh, di nagri Tandjoeng Singoeroe, Radjana keur oléng-pangantén djeung Poetri Sekar Djajanti, Djajanti Kembang.”

Saoer Radja: „O atoeh, éta mah modjang kantanan akang ti baheula, éta poetri Sekar Djajanti téh bébéné akang. Tjoba njai dagoan heula, ajeuna koe akang rék diiwat.”

Djawab raina: „Akang oelah, sabab éta mah pawarang Radja, nadjan akang wedoek ogé moal mampoeh, tangtoe, oerang tjilaka.”

„Ah keun baé koe akang rék direboet, moal beunang ditjaram, kapan akang boga kawah Domas; éta Praboe Djaka Soesoeroe koe akang dék dilédjokeun, rék dibobodo diseboetkeun di kawah Domas aja inten gedéna sagedé énéng, sina ditjarokot, sarta moen geus di djero kawah, pantona koe akang rék ditoétoep.”

Ladjeng Radja Goenoeng Goemoeroeh angkat, geus soemping ka Tandjoeng Singoeroe, teroes pamit neda eureun.

Katingali koe Radja Tandjoeng Singoeroe ladjeng dipariksa: „Sampéan ti mana asal, sarta saha djenengan tara-tara ti sasari, kawas anoe aja bédja?”

Djawabna: „Leres akang téh Radja Goenoeng Goemoeroeh, noe mawi dongkap ka dieu sedja bakti nagri, njanggakeun djelema, sareng inten boentet sagedé énéng, noe aja di kawah Domas; teu aja deui noe baris piiasaeun njandak ngan rai, noe kagoengan milik.”

Ladjeng Radja Tandjoeng Singoeroe njaoer ka raina: „Koemaha Njai, éta oerang ajeuna dibaktian nagri djeung inten, koemaha hadé tampa atawa entong?”

Djawab raina: „Entong raka, biheung teuing éta anoe rék nganiaja ngagoda ngarantjana ka oerang, sareng ieu rai sédjén raraosan, asa rék ngandeg.”

Tapi Patih Toemenggoeng Séwana Goeroe oendjoekan: „Moal saé éta noe bakti teu ditampi, ajeuna mah mangga baé oerang angkat.”

Ti dinja ladjeng arangkat Praboe Djaka Soesoeroe Toemenggoeng Séwana Goeroe, Séwana Giri sareng Radja Panarak Djaja. Teu kotjap di djalanna, geus soemping ka kawah Domas. Barang soemping ladjeng Praboe Djaka Soesoerooe Toemenggoeng Séwana Goeroe sareng Séwana Giri narempo kana éta kawah.

Teu tata pasini deui koe Radja G. Goemoeroeh, éta noe tiloean téh ngan didjedjekan baé digebroeskeun kana kawah Domas. Barang geus tigoebrag tiloeanana, toeloej pantona ditoetoep koe batoe woeloeng koe éta Radja G. Goemoeroeh. Eta ménak noe tiloe di djero dasar kawah Domas, teroes tatapa, lamina kénging 80 taoen.

Ti dinja Radja G. Goemoeroeh teras angkat ke nagara Tandjoeng Singoeroe, maksoedna rék ngandih nagri. Barang soemping ladjeng dipariksa koe Poetri Seker Djajanti, Djajanti Kembang: „Raka, Radja G. Goemoeroeh, naha di mana kénéh ari Praboe Tandjoeng Singoeroe?”

Djawabna: „Njai ajeuna entong nanjakeun Praboe Djaka Soesoeroe, sabab koe akang anggeus di djeroem, ajeuna mah tjarogé njai téh nja akang pisan, sarta ieu nagara koe akang rék diandih.”

Djawab Poetri: „Ah doeka, sabab koering mah moal pegat toehoe ka Praboe Djaka Soesoeroe!”

Keukeuh Poetri dipaksa, teras éta Poetri maboer, barang dongkap ka pileuweungan, bobotna geus djedjeg 9 sasih, éta poetri ngowo di tengah leuweung, poetrana pameget sadajana, sarta didjenenganan éta moerangkalih noe ti Sékar Djajanti Heulang-boengbang-legantara-loenggoeh-tapa-djaja-perang, ari noe ti Djajanti Kembang djenenganana Kebo Keremaj Sakti Pangéran Giringsing Wajang. Éta moerangkalih doewanana dirorok di pileuweungan, ageung di pileuweungan.

Barang geus joeswa 10 taoen éta maroerangkalih sareng iboena teras ngoengsi ka nagara Tandjoeng Soembara. Ari

19