Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

koeta sareng koeta téa anoe kapoengkoerna mah tangtos langkoeng djero, dikali; malahmandar mendak oeroet-oeroet baheula, anoe djadi katrangan anoe leuwih tétéla kana ngadegna éta karaton.

Margi tangtos pisan baheula oepami Tandjoeng Singoeroe aja anoe ngaroeroeg, koeta bénténg téh didjagi koe soldadoe, nja di dinja deui, ngalawanna moesoeh téh, sareng moal boa réa anoe maraot marawa pakarang, Oepami tiasa mendakan pakarang-pakarangna tangtos kénging dianggo saksi geusan nangtoskeun djaman-djamanna ajana éta Karaton Tandjoeng Singoeroe.

Palemahanana ieu karaton aloes pisan, ngongkang ka waloengan Tjisokan, anoe baheulana mah tangtos pisan langkoeng lega, toer dipoengkoer dilioeng koe goenoeng, goenoeng Tjiboelé sareng Kiarapajoeng, taja petana beunang direboet koe moesoeh, moal bisa éléh koe atah-atah. Anoe ngaroeroeg, noe rék ngadjabel karaton, koerang-koerang tohagana mah kawasna, moal baé kana bisa meunang téh.

Di peuntaseun Tjisokan ogé beulah katoehoe, tjaket kampoeng Tjiboelé, aja deui koeta bénténg, doea.

Di G. Kiara Pajoeng doegi ka ajeuna aja kénéh hidji tangkal kiara anoe poentjakna ngarandakah sapertos pajoeng. Di dinja aja padjaratan, noemoetkeun tjarios oerang dinja sanget; malah sok dianggo pamoedjaan koe sato héwan leuweung dina oenggul sasih Moeloed.

Ari oeroet aloen-aloenna anoe nelah disebat aloen-aloen „Séwoe Tjengkal”, datar neplak pisan, sakoerilingna tegal baé, pernahna katjida saéna, pikabetaheun.

Noemoetkeun babad sareng Serat Kanda Madjapahit tingali Pararaton (Ken Arok) anoe dikaloearkeun koe Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, djilid LXII tjitakan ka 2 kénging Dr. N. J. Krom katja 110, 11-, 203, 216, 217, 218 sareng 223. Jaka Suruh atanapi Susurah téh, anoe mimiti ngadegkeun karadjaan Madjapahit, sarta nja andjeunna anoe mimiti djoemeneng radja kakasihna Radja Brawidjaja ka hidji ngeréh Djawa Koelon sareng Djawa Wétan.

Oepami diparios koe Oudheidkundige Dienst tangtos bakal seeeur deui kaanéhanana.


Bangsa Kalang

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1).

Koe lantaran harita éta Nji Landjang keur tareunanganeun sarangeuk toeroen, pot baé ngedalkeun omong, jén saha-saha anoe bisa mangnjokotkeun toropongna, moen lalaki didjieun salaki, moen awéwé didjieun doeloer. Harita kabeneran si Toemang (Dina Djowo: bruine hond) ngaliwat, sarta omongan éta awéwé téa kadéngéeun. Kop baé toropong teh ditjokot, kalatjat oenggah, sok dibikeun ka anoe boga. Éta awéwé kapaksa nekanan djangdjina éta andjing djadi salakina. Heuleut sawatara lilana, palendoeng reuneuh, sarta brol ngadjoeroe, anakna lalaki. Barang éta boedak geus oemoer 20 taoen, moro bagong ka leuweung, mawa andjing téa, tapi ari manéhna mah boeta-moena, teu njaho jén éta andjing téh bapana teges. Di leuweung béh manéhna manggih bagong bikang, teroes dioedag, andjingna dihoetjoehkeun. Sebroet andjing ngoedag, tapi ari gok si Toemang anggoer koepat-képot, teu daékeun ngarontok. Atoeh anoe moro téh ngambek, harita kénéh andjingna dipaéhan, nja kitoe deui bagongna dikadék, paéh patoendjang-toendjang djeung andjingna.

Sanggeus kitoe mah léos baé balik, sadatang-datang galantang ditjaritakeun ka indoengna mentas moro, maéhan andjing djeung bagong. Indoengna ngaréndjag ngadéngé tjarita anakna kitoe teh, sarta pok diomongkeun, jén éta andjing téh saenjana nja bapana, djeung ari éta bagong, ninina. Indoeng djeung anak ajeuna mah ngan bati soesah baé.

Katjaritakeun éta boedak ngora lila-lila boga bodjo, nja anakna djeung satoeroenannana diseboet bangsa Kalang. Kitoe toetoeranana, anoe matak tepi ka ajeu-

21