Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

na bangsa Kalang téh ditoeding toeroenan andjing, djeung koe sabab éta katjida resepna kana ngingoe andjing.

(Djadi sasakala Kalang teh saroea pisan djeung sasaka Djaka Sona atawa Sang Koeriang di Soenda S. d. R.).

Aja deui anoe, nerangkeun asal-moeasalna Kalang téh kieu.

Dina windoe anoe ka 17, waktoe Soeltan Ageng ngasta karadjaan Mataram, di Djawa tengah aja djelema saba leuweung, teu poegoeh padoemoekanana pipindahan ti hidji goenoeng ka goenoeng sédjén, tatali-hoeripna tina boeboeahan leuweung baé, mindeng maranéhanana ngarala laoek di waloengan-waloengan, atawa moro.

Katjida dipikasieunna koe oerang Djawa, pédah padjar galak, djeung sok babadok rarampog atawa ngadon ngarandjah ka pilemboeran-pilemboeran, naon baé anoe kapanggih diringkid tara dikarikeun.

Barang kaémpé-émpér ka Radja Mataram, jén éta bangsa kitoe taladjakna, nja geuwat Kangdjeung Radja, ngoetoes Patih djeung para ponggawa sagagamanana pikeun nangkep éta djelema-djelema.

Teu sakoemaha lilana kakerid kabéh dibawa ka Mataram, sarta koe Kangdjeng Radja diperenahkeun dina hidji tempat anoe dibénténg, teu meunang aja noe ingkah, malah ka loear ogé ti djero-koetana, lamoen teu kalawan papaidin mah, teu meunang.

Ari pakasabanana nja dipaparin gawe, ngagarap kai, ngoentaj, njieunan séla.

Tah kitoe tjenah sababna anoe matak diseboet oerang Kalang téh, pédah dikalangan teu meunang ingkah ti tempatna.

Baheula mah dilarang banget naker, teu meunang aja bangsa kalang anoe njorok ka oerang Djawa. Tapi ajeuna mah geus patjorok baé, anoe matak tangtoe lila-lila mah éta bangsa téh moesna pisan.

Tjeuk sakaol bangsa Kalang teh, djelema bojongan, tataloekan ti Balangbangan basa keur perang Djawa Tengah djeung Djawa Wetan. Ari tjeuk sakaol deui oerang „Tanah Sabrang” taksiran baé oerang Malaka, anoe dirintahkeun ka Djawa.


Patilasan-patilasan di Banten.

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1).

Sakoemaha anoe geus kaoengel ti pajoen, koering ti Sérang téh madjoe ngalér, toeroet djalan gedé anoe bras ka Banten, ajana éta djalan sakatoehoeeun waloengan Tjibanten. Sapandjangna anoe kaliwatan téh pasawahan baé radjeun kaselang koe taloen djeung lemboer-lemboer. Mimiti koering sindang heula ka boemina Radén Ajoe Poedjaningrat, garwa R. A. Soetadiningrat, Dalem Sérang sawargi. Anjeunna nadjan geus sepoeh ogé, joeswana bédjana geus leuwih ti 100 taoen, tapi daréhdéhna saréhséh djeung soméahna ka sémah, teu aja soedana.

Koe Djoeragan Angling Koesoemah andjeunna ditaros soegan émoet aja pasanggrahan anoe diseboet Koeta Roeboeh, tilas kalangenan Soeltan Ageng. Tapi teu oeningaeun, malah saoerna, soemawonna oeninga, teu ara ngadangoe-dangoe atjan Koeta Roeboeh mah. Ari kana patilasan-patilasan anoe sédjén mah, saperti tilas karaton soeltan-soeltan, Tasik Ardi dj. s. t. andjeunna téh tatag naker njarioskeunana.

Kira-kira 2 pal djaoehna ti dinja, di sakoeloneun djalan, aja kana 30 M. mah ti djalan, aja koeboeran anoe nelah ODEL. Ari anoe soemaré di dinja Mangkoe Boemi baheula, Pangeran Astapati djenenganana, anoe diararanggap andjeunna téh toeroenan Praboe Siliwangi ti Padjadjaran. Éta makam dikoeta sakoerilingna, di djerona ngararanggoenoek kakaian anoe djadi ioeh-ioeh. Lawangna ajana beulah ti kidoel ngabangoen potongan Hindoe.

Deukeut ka pal 6 wawétaneun djalan, kira-kira 100 M. peuntaseun djalan karéta api, di tengah sawah, aja anoe dibénténg, nja éta makamna Maolana Joesoep, poetra Maolana Hasannoedin. Éta koeboeran legana kira-kira 10 M. pasagi, dikoebeng koe koeta témbok loehoerna koerang leuwih 1½ M., lawangna dipantoan, tapi wawajagon naker.

Sadjeroeun koeta loear aja deui bénténg,

22