Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
No. 3
Tahoen ka-1
September 1922

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-: JAVA-INSTITUUT  :-:

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT,
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: - GOENOENG SARI 84 - WELTEVREDEN

Eusina Nommor 2.

Oenak-anik basa Soenda 33
Ngamimitian ngadegkeun Tjabang Java-Instituut di Djogdjakarta 34
Pasoendan 36
Sair Sunda 37
Basa boehoen 38
Sawér anggoeun ka pangantén 39
Biantara 43
Wawatjan Siliwangi 44
Piharoer Redaksi 48

Oenak-anik basa Soenda beunang ngoempoelkeun Soeriadiradja

(Samboengan Poesaka-Soenda No. 1)

  1. Kabolér. Toekang tani katjida sieunna sawahna kabolér teh, sabab wiwirang gedé makaja katinggaleun téh. Anoe aja dina harti toekang tani, kabolér téh nja ngan kapandeurian ngagarap sawah baé, batoer geus tandoer, ari ieu kakara matjoel. Ari asalna mah pantes pisan koedoe dipikasieun, lain koedoe dipaké kaéra, sabab bolér téh ngaran hama, anoe sok ngaroeksak paré atawa boeboeahan sédjén. Djadi sieun kabolér téh asalna mah, sieun tinggaleun makaja sabab bisi engké pakajana béak koe bolér.
  2. Reregan ajeuna mah dilandi koe gardéng (gordijn), asalna tina rérég hartina ngésér.
    Baheula mah biasa njeboet: panon poé ngarérég ngidoel, ngarérég ngalér. Djadi rérégan téh hartina anoe beunang dikésér-késér, anoe beunang disérélék-sérélék.
33