Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/2

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca
  1. Meudjeuhna lain tina eudjeuh dirarangkénan na, tapi tina medjana asalna tina madijama (Skr), hartina tengah-tengah at. sedeng.
  2. Karageun, hartina mah sadaja ogé parantos oeninga. Asalna tina karag hartina aron, tjangkaroek, sangoe at. ketan beunang noehoerkeun. Karageun teh djadi kasakit lantaran koe karag.
  3. Darana, biasa sok ngantét djeung sabar. Asalna tina dharana (Skr) hartina teteg haté, pageuh njekel bebeneran, tahan.
  4. Pandjoenan, tempat paranti njieun barang gagarabah. Asalna tina djoen (Kw) hartina boejoeng at. gentong. Andjoen sok dihartikeun toekang njieun barang gagarabah tea.

Aja samboenganana.


Ngamimitian ngadegkeun Tjabang Java Instituut di Djogdjakarta.

(Samboengan Poesaka-Soenda No. 1).

Reglement.

1

Tjabang ngitoengna tahoen mimiti nepi ka 31 December 1921, sarta sateroesna ti oenggal 1 Djanoeari nepi ka 31 December.

2

Maksoed Tjabang, baris ngamadjoekeun wewengkonna tina soegri anoe kaoengel dina oegeran (Statuten) Java Instituut, artikel 3.

34