Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

3

Anoe djadi elid Tjabang Djogdja nja éta elid-eli J. I. elid kahormatanana djeung anoe geus diangken koe J. I. anoe maratoeh di Karesidenan Djogdja.

4

Goegoer kaelidanana ti Tjabang lamoen:

  1. Kaloear tina pakoempoelan Java Instituut.
  2. Pindah ti Karesidenan Djogdjakarta.

5

Soegri elid Tjabang, meunang asoep kana gempoengan-gempoengan, tongtonan- tongtonan dj. s. t. anoe diajakeun koe Tjabang.

6

Anoe djadi Bestuur Tjabang nja éta, hidji voorzitter, hidji Secretaris-peningmeester djeung sakoerang-koerangna 3 elid. Lamoen Voorzitter aja halangan disoendang koe salah sahidji elid bestir anoe panglilana. Ngadjenengkeunana Bestir Tjabang téh dipilih koe vergadering, oenggal taoen koedoe eureun kabéh, tapi beunang dipilih deui.

7

Bestir meunang ngajakeun vergadering elid, lamoen aja peméntana tiloe elid sakoerang-koerangna.

Soerat béwara baris ngajakeun koempoelan téa, sakoerang-koerangna ti pisaminggoeeun deui, koedoe geus diémbarkeun dibarengan koe ringkesan anoe rék dibarempoegkeun.

Poetoesan koempoelan noeroetkeun sora anoe panglobana. Dina ngoendi perkara-perkara meunang koe lisan, tapi djelema mah koedoe dioendi koe toelisan anoe teu ditanda.

Lamoen baloeh dipoetoesna koe oendian deui.

8

Basa dina koempoelan biasa, anoe dipaké basa Walanda, aja kadjabana, lamoen katimbang djeung kaidinan koe vergadering.

Meunang ngajakeun koempoelan loear biasa, anoe basana noe dipaké basa Djawa, sarta dina soerat béwarana koedoe dioengelkeun.

9

Doeit anoe katampa ti Java-Jnstituut, atawa anoe torodjogan katampa koe Tjabang ti anoe sédjén, digoenakeun kana ngawaragadan kaperloean Tjabang. Lamoen Tjabangna koebra, baris dipasrahkeun ka kas Java-Instituut.

10

Soegri anoe matoeh di karesidenan Djogdja anoe lain elid, teu meunang miloe Koempoelan, iwal anoe geus aja idin poetoesan Vergadering. Tapi anoe lain oerang Djogdja mah, meunang lamoen aja idin Bestuur.

11

Soegri anoe atjan kaoengel dina reglemen, dipoetoes djeung ditangtoekenana koe bestoor.

Poetoesan anoe djadi bestuur meunang dibawa kana Vergadering, lamoen teu sapoek.



Ieu anoe kaserat di loehoer, étang-étang tjonto, jén di Djogdja parantos ngadeg Tjabang Java-Instituut. Pamoega-moega djadi panghoedang kana toemoeroenna Tjabang di Pasoendan, margi koe sadaja tangtos kamanah, jén koe H. B. moal tiasa laloeasa dihontalan ti anggangna, oetami dirodjong koe pangolahna Tjabang. Tjing ajeuna oerang anggo saémbara, di mana di dajeuh anoe mana di Pasoendan, anoe pangmimitina ngadeg Tjabang Java-Instituut? Sadajana tangtos pada kawaranan, hajang geura terang di mana Tjabang J. I. pangheulana gelar!

Antos-antos baé!

Red.

35