Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Pasoendan.

Ti mana asalna ari bangsa Soenda?

Ieu pertanjaan soesah didjawabna. Tatapi sanadjan soesah ogé oerang tjoba2 baé, soegan djeung soegan, sapoek djeung manahna para boedjangga.

Lamoen hajang nganjahokeun bangsa2, koedoe kanjahoan heula basana. Koe lantaran dibanding-banding basana, engké beunang dikira-kira ti mana asalna éta bangsa.

Pirang2 ketjap Soenda anoe saroea atawa méh saroea djeung basa2 sédjén di Hindia, tjontona:

AKOE. Kawi, Malajoe, Soenda, Dajak; Batak, AHOE.

ANGIN. Kawi, Malajoe, Soenda, Dajak; Batak.

ANAK. Kawi, Malajoe, Soenda, Dajak; Makasar, Madoera.

INOEM. Kawi, Malajoe (minoem), Soenda, Batak (minoem), Mak. (nginoeng).

djeung salian ti éta. Ketjap2 anoe kieu oepama dikoémpoelkeun tangtoe aja ratoes2.

Koe sabab éta oerang bisa njangka jén sakabéh bangsa noe njitjingan tanah Hindia tadina sadapoer.

Sangkaan para boedjangga sakabéh bangsa2 anoe njitjingan poelo2 Insoelinda (saenjana poelo2 anoe aja sakidoeleun poelo Formosa, sakaléreun Nieuw Zeeland, sawétaneun Madagaskar, sakoeloneun Paasch-eiland), kadjaba oerang Papoea djeung oerang Negrito, asalna ti Hindia toekang, nja éta ti Cochin China, Kambodja djeung Annam.

Tangtoe aja hidji waktoe anoe ngalantarankeun djelema2 di dinja patamboear ka mana2, toeloej njitjingan poelo2 Insoelinda. Oepama éta bangsa2 tadina henteu hiroep sakoemboeh, tangtoe moal aja ketjap-ketjapna noe saroea.

Djaman baheula pisan poelo Diawa téh diseboetna Noesa Kendeng. (Kendeng hartina kendang; kendang bangoenna pandjang; djadi Noesa Kendang hartina poelo pandjang).

Ningal boektina ajeuna, moal gagal djelema2 Noesa Kendeng tea aja tiloe boeboehan.

Noe saboeboehan njitjingan Djawa koelon, noe saboeboehan Djawa tengah djeung noe saboeboehan deui njitjingan Djawa wétan djeung poelo Madoera.

Waktoe éta sémah2 daratang, di Noesa Kendeng geus aja noe njitjingan diseboetna siloeman-sileman, onom sétan, djoerig atawa jaksa, tapi ari boektina mah meureun bangsa djelema noe leuwih bodo. Éta pangeusi asal teu aja pisan kakawasaanana.

Éta noe tiloe boeboehan noe aja di poelo Djawa tea nja éta karoehoenna oerang Soenda, Djawa djeung Madoera.

Bangsa Djawa djeung bangsa Madoera teu aja katjaritakeunana rapih-henteuna. Ngan bangsa Soenda salawasna gétréng baé djeung bangsa Djawa. Nepi ka aja waloengan ngaran Tjipamali pikeun neundeun piheuleut, noenda pitjela, bangsa Djawa djeung Soenda.

Lamoen salah saoerang aja noe wani meuntas ka tanah batoer, geus oelah ngarepkeun salamet baé.

Saenjana harita tatjan aja ngaran Soenda, sabab noe mimiti njieun ngaran Soenda teh oerang Hindoe Keling, noe pangheulana datang ka Noesa Kendeng (poelo Djawa).

Saoer ahli basa, Soenda téh asal tina basa Sangsekrit Wasoenda hartina kebon doenja barana. Ninggang naker oepama dihartian Soenda, soegih téh, lain soendel.[1]

Sababna diseboet soegih, taksiran koe lantaran sagala djadi, tanahna léndo, tjai teu koerang, tanah lega, ninggang naker kana tjatjandran dalang: pandjang poendjoeng, pasir woekir, Ioh djinawi.

__________

  1. Pirang-pirang kirata anoe nerangkeun hartina Soenda tapi mana anoe enja, éta teu atjan aja anoe tiasa mastikeun. Malah koe réana noe ngirataan tea ogé, éta geus djadi tawis soelitna nitih pasti. Dina tjarios-tjarios basa Sangskrit ari ketjap anoe béléké oenina Soenda mah, moeng kapendak dina ngaran doea Jaksa, anoe dina dongéngna pada perang, nja éta anoe saoerang ngaranna Soenda, anoe saoerang deui Oepasoenda.
36