Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Tapi doeloer2! Oelah waka imoet koe sakitoe, geura manah mamalana, lantaran teu soemorẻang ka toekang ninggang ka noe salantjar mah matak djadi balangah, nambahan katalingeujan, toengtoengna kairik batoer.

Dina mimiti taoen Masehi Noesa Kendeng the geus kamashoer ka awoen2 kakotjap ka boeana Europa, jẻn soegih koe bẻas; koe sabab ẻta lawas ti lawas toeloej koe oerang Hindoe dingaranan Jawadwipa. Jawa (Djawa) hartina bẻas; dwipa hartina poelo. Djadi Jawadwipa = poelo bẻas. Ngaran Noesa Kendeng lila2 leungit.

Waktoe soedagar2 Hindoe balajar rẻk dagang ka nagara Tjina, sok njarimpang heula ka Djawa koelon djaung Djawa tengah basisir kalẻr, nja ẻta rẻk mareulian bẻas.

Beuki lila poelo Djawa beuki masher, nepi ka oerang Hindoe keeling, teu kamapeuh, toeloej baẻ balajar sedja ngoembara ka poelo “sawarga” nja ẻta poelo Djawa (kira 2 windoe ka 2 atawa ka 3).

Oerang keeling anoe matoeh di Pasoendan agamana agama Wisnoe, aja ogẻ anoe agama Brahma. Di nagarana (Hindoestan) djelema 2 dibagi 4 martabat.

Martabat pang loehoerna Brahmana nja ẻta bangsa pandita2.

Kadoea : Satria (Ksjatrija) nja ẻta bangsa mẻnak 2 ahli peperangan djeung pamarẻntah nagara.

Katiloe : Waisja nja ẻta bangsa tani soedagar djeung patoekanagn.

Kaopat : Sjoedra nja ẻta bangsa koeli 2 djeung boedak beulian.

Noe ka 1 ka 2 djeung ka 3. Katjida ngahina ka noe ka 4.

Oerang Pasundan harita diasoepkeun kana martabat ka 4.

Oerang Pasoendan djeung oerang Hindoe dina mangsa harita beunang disebut papaharẻ hiroep.

Aja ogẻ oerang Pasoendan anoe bias noeroetan pangabisa oerang Hindoe, oepamana tina perkara ngabatik. Tapi boeatanana tangtoe gorẻng kẻnẻh pisan. Toelisna ogẻ ngan oekoer hideung, beunang neuleum ka taroem, da taroem mah teu koerang, dating ka aja waloengan anoe dingaranan tjitaroem, sabab ajana dina tempat anoe rẻa taroemna. Waktoe ahrita oerang Hindoe njieun nagara leutik, nagara anoe pangheula-heulana di poelo Djawa ngaranna:


TAROEMA NAGARA

Nja ẻta anoe ajeuna djadi karesidẻnan Batawi (teu makẻ Krawang); watesna ti kalẻr: Laoet Djawa; ti wẻtan Tjitaroem; ti kidoel goenoeng Salak, goenoeng Gedẻ; ti koelon Tjisadanẻ.

Ngadegna ẻta karadjaan antara windoe ka 4 djeung windoe ka 5.

Radja noe marẻntah nya ẻta toeroenan Radja Poernawarman. Dajeuhna ẻta karadjaan bias djadi di sisi Tjisadanẻ dina palebah mimiti beunang diparahoean, antara waloengan Tjianten djeung Tjiaroeteun (sẻlẻrna Tjisadanẻ), deukeut djalan Tjilendẻk, koelon-kalẻr ti Bogor.

Didinja kapanggih aja batoe 2 ditoelis basana basa Hindoe baheula, njaritakeun ngaran 2 radja djeung karadjaanana.

Handjakal ẻta ngaran Poernawarman henteu diterangkeun asal-oesoelna.

Kawasna baẻ bawaning koe masher, nepi ka oenggal djelema tangtoe njaho, djadi teu peloe seboetkeun deui.

Baris disamboeng.

P.


Sair Soenda.

(beunang ngoempoelkeun R. Hassan Soema di Pradja).

1. Laomoen niat lalangganan,
perdjangdji pasisisnian,
poma oelah ngalawanan,
noe matak menungpeuk angkanan.
2. Lamoen koerang keorang tjangker,
mangkẻ di hareupna soeker,
ngabangloeskeun hal kapêngkêr,
tiwoen sinigeg kakêkêr.
37