Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
136. Sadaja djengkar ti goeha,
ka papajon geusap balik,
Pamanahrasa ngalimba,
toengkoel poengkoereun Dén Patih,
manah langkoeng prihatin,
sakemék teu pisan njaoer,
ngomah-ngomahan amarah,
ningali boedi parangi,
ketjoet kesit pasemon oelat rakana.
137. Ébréh atra dina raraj,
teu kénging dipinding-pinding,
soerah oelatna katingal,
kedal oetjap lirik sengit,
ngandika raka ka rai,
éh ajeuna radja soenoe,
lamoen rék noeroet ka kaka,
awak koedoe geura njingkir,
ingkah anggang ka tanah nagara lian,
138. Lamoen baha henteu njingkah,
ajeuna ogé lastari.
Pamoenahrasa oendjoekan,
gentra tatag mangkring galih,
émoet ka piwoeroek djin,
sabar darana teu napsoe,
saoerna koemaha kersa,
moal baha abdi ngiring,
rék diboeang soemangga abdi mah pasrah.
139. Asmoena Larang ngandika:
Papagratang manéh indit,
geura ngala geugeutahan,
noe tjepel keket noe dalit,
leugeut nangka kelewih,
sing meunang salodong pinoeh,
ari sia Tandesan,
njieun areng keler djati,
ditoetoean ditipoeng sing lemboet pisan,
140. Doea pandakawan mangkat,
ngala geutah noetoeh djati,
Tandesan djeung Papagratang,
ting keletjis ngomong leutik,
abong djoeragan dengki,
ka sadérék téh bet kitoe,
hadéna Pamanahrasa,
digdjajana leuwih-leuwih,
moen ngalawan doenoengan oerang kasoras.
141. Sanggeus, ngomong silih témpas,
Tandesan noetoehan djati,
Papagratang ngala geutah,
dioeleg datangka dalit,
Tandesan geus sajagi,
areng enggeus djadi tipoeng,
teroes disanggakeun pisan,
geutah sareng leboe djati,
pék ditjampoer leugeut keler digalejan.
142. Sanggeus dioeleg geutahna,
djeung areng geus djadi hidji,
Radjasoenoe dibaloeran,
saloear salira lantis,
tina raraj kana birit,
lamboet poengkoer kabéh pinoeh,
hérang-hérang kari sotja,
sareng waos mah beresih,
hideung lestreng salirana kawas gagah.


47